Wikipedia
suwiki
https://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
MediaWiki 1.46.0-wmf.23
first-letter
Média
Husus
Obrolan
Pamaké
Obrolan pamaké
Wikipedia
Obrolan Wikipedia
Gambar
Obrolan gambar
MédiaWiki
Obrolan MédiaWiki
Citakan
Obrolan citakan
Pitulung
Obrolan pitulung
Kategori
Obrolan kategori
Portal
Obrolan portal
TimedText
TimedText talk
Modul
Pembicaraan Modul
Acara
Pembicaraan Acara
Basa Sunda
0
1018
708135
680222
2026-04-11T13:50:20Z
Dinototosugiarto
11449
/* Gaya Basa */
708135
wikitext
text/x-wiki
{{Dwiaksara Latén ka Sunda|ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ}}{{Kotak info basa
|name=Basa Sunda
|nativename= ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
|familycolor=Austronesian
|states=[[Indonésia]]
|region=[[Jawa Kulon]], [[Banten]], [[Jakarta]], sabagéan [[Jawa Tengah]] ([[Indonésia]])
|speakers=42 yuta (2016)
|fam1=[[Rungkun basa Austronésia|Austronésia]]
|fam2=[[Rungkun basa Malayu-Polinésia|Malayu-Polinésia]]
|fam3=[[Rungkun basa Indonésia Kulon|Indonésia Kulon]]
|fam4=[[Rungkun basa Bornéo Kalér Ageung|Bornéo Kalér Ageung]]
|nation=[[Jawa Kulon]]
[[Banten]]
|iso1=su
|iso2=sun
|iso3=sun
|sil=SUN
|pronunciation={{IPA-su|basa sʊnda|}}|agency=Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda|script=[[Alfabét Latin]] (kiwari)
[[Aksara Sunda Baku]] (ti sakitar abad ka-17 nika kiwari; pilihan)
[[Aksara Sunda Kuna]] (abad ka 14 nepi abad ka-18, pilihan)
[[Cacarakan]] (abad ka-17 nepi abad ka-19 dina sababaraha wewengkon)
[[Abjad Jawi|Aksara Pégon]] (abad ka-17 nepi abad ka-20; pikeun kaperyogian ageman, pilihan)

{{Contains Sundanese text}}'''Basa Sunda''' (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nyaéta [[basa]] nu dipaké ku kurang leuwih 41 juta jalma di wewengkon kulon pulo [[Jawa (pulo)|Jawa]] atawa 13,6 persén ti populasi [[Indonésia]].<ref name="“Lulu”">{{Cite book| title =Kamus Genggam Bahasa Sunda| first =Lulu| last =Lutfiyani| publisher =Frasa Lingua| location =Jakarta| year =2016| pages =2| ISBN =9786026475275| url =https://books.google.co.id/books?id=uTKyDgAAQBAJ&printsec=frontcover&dq=bahasa+sunda&hl=id&sa=X&ved=0ahUKEwig4Jvfv7zoAhXXWisKHRA-DoUQ6AEIMzAB#v=onepage&q=bahasa%20sunda&f=false| accessdate =26 Maret 2020}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210414213953/https://books.google.co.id/books?id=uTKyDgAAQBAJ&printsec=frontcover&dq=bahasa+sunda&hl=id&sa=X&ved=0ahUKEwig4Jvfv7zoAhXXWisKHRA-DoUQ6AEIMzAB#v=onepage&q=bahasa%20sunda&f=false |date=2021-04-14 }}</ref> Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa [[Austronésia]] - [[Malayo-Polinésia]] - [[Malayo Kulon-Polinésia]] - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
* [[Banten]],
* [[Bogor]],
* [[Parahyangan]],
* [[Ciamis]],
* [[Cirebon]], jeung
* [[Brebes]]
[[Parahiangan]] téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti [[Sakola Dasar]] (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti [[Gubernur|Gupernur]] [[Jawa Kulon]].<ref name="“kamus”">{{Cite book| title =Kamus Genggam Bahasa Sunda| first =Lulu| last =Luthfiyani| publisher =Frasa Lingua, Arvin Mahardika, Tsalaisye N.F.| location =Jakarta| year =2016| pages =1| ISBN =9786026475275| url =https://books.google.co.id/books?id=uTKyDgAAQBAJ&printsec=frontcover&dq=sunda&hl=id&sa=X&ved=0ahUKEwj9nYPJ88TpAhUZXisKHUqbCNMQ6AEIKDAA#v=onepage&q=sunda&f=false| accessdate =(disungsi – 21 Mei 2020)}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210414221758/https://books.google.co.id/books?id=uTKyDgAAQBAJ&printsec=frontcover&dq=sunda&hl=id&sa=X&ved=0ahUKEwj9nYPJ88TpAhUZXisKHUqbCNMQ6AEIKDAA#v=onepage&q=sunda&f=false |date=2021-04-14 }}</ref>
== Kalungguhan Basa Sunda ==
Basa Sunda mangrupa basa indung urang Sunda, boh anu dumuk di Jawa Kulon, boh di saluareunana nu aya teureuh Jawa Kulon. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sanggeus basa [[Jawa]].
=== Basa Lulugu ===
Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti [[Cianjur]] ka [[Bandung]], Kalungguhan basa Sunda téh jadi ''basa pribumi.''
Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih luhung kalungguhanana tibatan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (''Staatsblad'') No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di Jawa Kulon téh nyaéta "Basa Sunda Bandung". Nya ti harita munculna sesebutan ''[[basa]] sakola'', nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi ''[[basa lulugu]]'' atawa ''basa baku''. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi ''basa Sunda lulugu'' atawa ''basa Sunda baku.''
=== Basa Wewengkon ===
Istilah basa lulugu (baku) téh kuduna mah dipateungteungkeun jeung ''basa teu lulugu (teu baku)''. Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah ''basa Sunda wewengkon'' minangka lalawanan tina basa Sunda lulugu. Ari [[basa wewengkon]] lumakuna ukur di wilayah-wilayah nu tangtu wungkul, kadang ku urang Bandung mah kurang ngarti lamun urang saluareun Bandung komunikasi ngagunakeun basa wewengkon. Dina basa wewengkon téh nu khasna lain ukur [[diksi]]<nowiki/>na wungkul, tapi [[lentong]] atawa lagu kalimahna ogé kadang béda-béda ungga wewengkonna. Contona kieu. Anu dikurungan (x) basa lulugu, anu teu dikurungan basa wewengkon.
* [[Ciamis]]: kosi (kungsi), cuang (urang), tukeur torog (tukeur tambah), jeung sajabana.
* [[Kuningan]]: nembok (ninyuh), béca ([[kicimpring]]), déwék (manéh), agéh (tangtu), menit (lieur), jeung sajabana.
* Jeung wewengkon séjénna.
== Sajarah ==
===Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)===
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di [[karajaan Salakanagara]], [[Galuh|Galuh]], [[Kawali]], jeung [[Pajajaran]]. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan kana basa [[Sansakerta]] saperti anu katémbong dina [[prasasti]] titinggal [[Purnawarman]], malah aksarana ogé maké [[aksara Pallawa]]. Basa Sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, [[kasenian]], jeung kahirupan sapopoé, loba [[kitab]] ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun [[aksara Sunda]] kuna saperti ''Naskah [[Sanghyang Siksa Kandang Karesian]]'', ''[[Carita Parahyangan]]'', ''[[Amanat Galunggung]]'', jeung ''[[Guru Talapakan]]''.<ref name=”Rus”/>
===Mangsa II (sabada abad ka-16 M)===
Dina ieu mangsa, tatar Sunda kacicingan ku [[Mataram]]. Nu kapangaruhan panggedéna dina widang pamaréntahan, basa, jeung kasusastraan. Dina ieu abad, mimiti aya konsép undak-usuk basa nu sarua jeung unggah-ungguh boso (Jawa). Lian ti éta, basa Sunda loba dimekarkeun dina widang kasusastraan, utamana wangun [[puisi]] ([[pupuh]]). Malah kasusastraan harita (pupuh) dianggap pangagungna ku sabab dipaké ku para [[ménak]] jeung cendikiawan alam harita.<ref name=”Rus”>{{Cite book| url =https://books.google.co.id/books?id=pP2yEAAAQBAJ&pg=PR5&dq=SUNDA&hl=id&newbks=1&newbks_redir=0&sa=X&ved=2ahUKEwiIgNalocaHAxWASWwGHXoECyIQ6AF6BAgHEAI#v=onepage&q=SUNDA&f=false| title =Kajian Bahasa dan Budaya SundaRustandi| last =Rustandi| first =Yuyus | publisher =Ideas Publishing| location =Jakarta| year =2022|ISBN=9786232342538|pages =4}} Disungsi 27 Juli 2024</ref>
===Mangsa III (1800-1900 M)===
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaseselan ku basa [[Walanda]], ngaliwatan para [[bupati]] jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku [[aksara Latén]] téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka ''lingua franca''-na (contona aya dina [[Wawacan Panji Wulung]] taun 1876).<ref name=”Rus”/>
===Mangsa IV (1900-1945 M)===
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal [[pustakamangsa]] jeung [[kalawarta]] dina basa Sunda saperti ''[[Papaés Nonoman]]'' (1915), ''[[Pasoendan]]'' (1917), ''[[Poesaka Soenda]]'' (1923), jeung ''[[Sipatahoenan]]'' (1923).<ref name=”Rus”/>
===Mangsa V (1945-kiwari)===
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada [[perang]], basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, [[sastra]], [[kabudayaan]], jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonésia, utamana nu dipaké ku masarakat [[kota]], nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa [[Malayu]] (Indonésia).<ref name=”Rus”/>
== Fonologi ==
Unggal basa diwujudkeun ku [[sora]]. Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora sok dijadikeun dasar ulikan tulisan atawa tata [[aksara]]. Sora nu diulik téh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu sok disebut ''sora basa (fon)''. Sora basa aya nu béda kadéngéna, aya anu mirip. Sora basa anu kadéngé béda atawa mirip tur bisa ngabédakeun harti kecap disebut ''[[foném]]''. Foném so ditulis di antara dua gurat condong /.../. Upamana baé, sora /a/, /i/, /u/, /o/, jeung /e/ dina basa Sunda mangrupa foném lantaran opatanana bisa ngabédakeun harti kecap. Geura tengetan contona dina pasangan minimal ieu di handap.<ref>Sudaryat, Yayat. Tata Basa Sunda Kiwari. 2011. Bandung: Yrama Widia.</ref>

/bat''a''k/

/bat''i''k/

/bat''u''k/

/bat''o''k/

/bat''e''k/
Foném dina basa Sunda bisa mibanda rupa-rupa ucapan luyu jeung tempatna dina engang atawa [[kecap]], ilaharna teu ngabédakeun harti. Variasi ucapan foném anu teu ngadédakeun harti disebutna ''[[alofon]]'', sarta sok ditulis di antara dua kurung siku [...]. Upamana baé, sora /o/ dina kecap ''[[boboko]]'' jeung dina kecap ''noong'' aya bédana. Sora /o/ anu kahiji mah gembleng [o]; ari anu kadua mah teu gembleng, semu ngirung [ɔ].

Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina [[aksara Latin]]. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa [[basa Inggris]], lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.
== Tata Basa ==
{{utama|Tata Basa Sunda}}
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
* taya parobahan kecap dumasar waktu, anu dina [[basa Inggris]] disebut ''tenses''. Pikeun nangtukeun waktu, [[kalimah]] cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti ''kamari'', ''ayeuna'', ''tadi'', jsb.
* teu mibanda ''gender'' dina kecap-kecapna. ku kituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka ''[[gender]]'' nu béda.
== Sistem Tinulis ==
{{tempo ogé|Aksara Sunda}}
Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, di antarana:
* [[aksara Pallawa]] atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
* [[aksara Sunda Kuna]] anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
* [[aksara Cacarakan]] atawa aksara Jawa pikeun basa Sunda, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka [[Cirebon]] (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
* [[aksara Pegon]], utamana di lingkungan [[pasantrén]], ku asupna ajaran [[Islam]] ti tatar Arab,
* [[aksara Latin]], mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda,
*[[aksara Sunda Baku]], anu diturunkeun tina aksara Sunda Kuna sakaligus dibakukeun dina taun 1990an nu kiwari geus ilahar dipaké salaku alternatif tina aksara Latin.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2014 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.
== Tata Krama ==
{{utama|Tatakrama Basa Sunda}}
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana ([[Parahiangan]]). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar [[tatakrama]] basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
== Gaya Basa ==
{{utama|Gaya Basa (Sunda)}}
Kawas [[basa Indonésia]], dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, (''majas'') anu mindeng dipaké pikeun ngageulisan kalimah atawa negeskeun maksud. Ieu di handap daptar istilah gaya basa dumasar kana rujukan tatabasa Sunda, <ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda.</ref><ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs''. Bandung: Geger Sunten.</ref>Contona:
{| class="wikitable sortable"
! style="background:#f2f2f2" | Istilah Sunda
! style="background:#f2f2f2" | Istilah Umum (Laten)
! style="background:#f2f2f2" | Tuladan (Conto Kalimah)

| [[ngupamakeun]] ||''similé''|| "Lumpatna tarik pisan '''lir''' tiisusul ku kuda."

| [[lalandian]] || ''métafora'' || "Si '''Raja Leuweung''' keur nyumput nungguan mangsana."

| [[mijalma]] || ''personifikasi'' || "Pucuk kalapa '''ngagajajay''' kawas nu ngagentraan."

| [[rautan]] || ''eufimisme'' || "Pun biang nembe pisan '''tilar dunya''' tadi subuh."

| [[ngasor]] || ''litotés'' || "Mangga atuh ka rorompok, sanajan '''mung saung butut'''."

| [[rarahulan]] || ''hiperbol'' || "Ambekna kacida, nepi ka '''getihna asa neureuy jagat'''."

| [[kadalon]] || ''pleonasme'' || "Mangga atuh '''sok ka lebet''' ka jero imah."

| [[silib-sindir]] || ''alégori'' || Ngagunakeun sakabéh eusi carita salaku siloka (contona dina [[Guguritan]]).

| [[mindoan]] || ''repetisi'' || "'''Dagoan''' di dieu, '''dagoan''' nepi ka kuring datang deui."

== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
== Sastra ==
{{utama|Sastra Sunda}}
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu ''klasik'' atawa anu ''moderen'', di antarana:
* Puisi
# [[mantra]]: jampé, singlar, jangjawokan, rajah, asihan, pélét.
# [[sisindiran]]: [[paparikan]], [[wawangsalan]], [[sésébréd]]
# [[pupuh]]: 17 Pupuh
# [[kakawihan|kawih jeung kakawihan]]
# [[guguritan]]
# [[pupujian]]
# [[wawacan]]
# [[carita pantun]]
# Sajak
* Prosa
# [[Dongéng]]
# [[Novel]]
# [[Carita Pondok]]
# [[Drama]]
# [[Fiksimini]]
== Tumbu kaluar ==
* [http://www.ethnologue.com/show_iso639.asp?code=sun Laporan ngeunaan basa Sunda ti Ethnologue.com]
* [http://kamus.sabilulungan.org Kamus ''Online'' basa Sunda ti LSS ITB] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210414221758/http://kamus.sabilulungan.org/ |date=2021-04-14 }}
* [http://diajarbasasunda.com Web Diajar Basa Sunda] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20091214060524/http://diajarbasasunda.com/ |date=2009-12-14 }}
* [http://sundakuring.niartsdesign.com Sunda Kuring] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20131201080206/http://sundakuring.niartsdesign.com/ |date=2013-12-01 }}
* [http://sundakuring.niartsdesign.com/forum Sawala atanapi Diskusi di Sunda Kuring]{{Dead link|date=April 2023 |bot=InternetArchiveBot |fix-attempted=yes }}
* Sudaryat, Yayat. Tata Basa Sunda Kiwari. 2011. Bandung: Yrama Widia.
==Dicutat tina==
{{reflist|2}}
[[Kategori:Basa Austronésia|Sunda]]
[[Kategori:Basa di Indonésia|Sunda]]
[[Kategori:Basa di Jawa Kulon|Sunda]]
[[Kategori:Basa di Jawa Tengah|Sunda]]
[[Kategori:Basa di Jawa Wétan|Sunda]]
[[Kategori:Basa Sunda| ]]
1c6cwd02l2v3ffpmr59l5x0yp4age52
12 Désémber
0
12797
708127
604999
2026-04-11T13:25:56Z
~2026-22299-54
36504
708127
wikitext
text/x-wiki
{| style="float:right;"

|{{calendar|lk=on|show_year=on|float=right|month=December|prevnext=on}}

|{{ThisDateInRecentYears|Month=Désémber|Day=2}}

'''12 Désémber''' nyaéta poé ka-346 dina sataun (ka-347 dina [[taun kabisat]]) dina [[kalénder Gregorian]], sésana 19 poé.
== Kajadian ==
* [[1098]] – [[Perang Salib Kahiji]]: Pangepungan Marrotal Numan: Kaum Salib norobos bénténg kota sarta nelasan 20.000 pangeusina. Sanggeus béakkeun kadaharan, maranéhna jadi kanibal.
* [[1781]] – Perang Révolusionér Amérika: Patempuran Ushant Kadua: Armada laut [[Inggris]] dipingpin ku kapal ''HMS Victory'' ngéléhkeun armada laut [[Perancis]].
*[[1862]] – Perang Sipil Amérika: Kapal USS ''Cairo'' tikelebuh di Leuwi Yazoo, jadi kapal nu maké palindung nu munggaran nu dilelepkeun ku ranjau kontrol.
* [[1866]] – Beledugan Oaks: Pangparah-parahna babancén tambang di Inggris, nelasan 361 panambang jeung nu narulungan.
*[[1901]] – [[Guglielmo Marconi]] nampa sinyal radio antar benua nu munggaran nyaéta hurup "S" [***] dina kode [[Morsé]]), di Pasir Sinyal di St John's, Newfoundland.
* [[1925]] – Majelis Iran ngistrénan Reza Khan minangka Shah Iran anyar, ngamimitian dinasti Pahlevi.
* [[1941]] – [[Perang Dunya II|Perang Dunia II]]: [[Britania Raya|Karajaan Inggris]] nyatakeun perang ka [[Bulgaria]]. [[Hongaria]] jeung [[Romania]] nyatakeun perang ka [[Amérika Sarikat]]. [[India]] nyatakeun perang ka [[Jepang]].
* 1941 – [[Adolf Hitler]] nyatakeun kudu sageuwat-geuwatna panumpuran urang [[Yahudi]] dina hiji pasamoan di ''Reich Chancellery'' (pasamoan para patinggi Nazi).
* [[1942]] – Perang Dunia II: Pasukan [[Jérman]] ngamimitian Operasi Badéy Usum Tiis, hiji usaha pikeun ngudaran kepungan pasukan Axis nalika [[Patempuran Stalingrad]].
* [[1963]] – [[Kénya]] meunang kamerdékaan ti Karajaan Inggris.
* [[1979]] – Lini 8.2 Mw Tumaco ngeundeuk-ngeundeuk [[Kolombia]] jeung [[Ékuador]] ku [[inténsitas Mercalli]] maksimum IX (Kasar), nelasan 300-600 jalma sarta ngahasilkeun tsunami tohaga.
* [[1984]] – Maaouya Ould Sid'Ahmed Taya jadi présidén [[Mauritania]] katilu sabada kudéta ka Mohamed Khouna Ould Haidalla nalika Haidalla keur nyanyabaan.
* [[1985]] – ''Arrow Air Flight 1285'', hiji pasawat McDonnell Douglas DC-8, ragrag sabada leupas landas ti Gander, Newfoundland, nelasan 256 jalma dina jero kapal, kaasup 236 anggota Divisi Airborne ka-101 Amérika Sarikat.
* [[1991]] – Féderasi Rusia narik diri tina Pasini Pangadegan [[Uni Soviét|USSR]].
*[[1992]] – Lini 7,8 Mw disusul ku tsunami di [[Florés|Pulo Florés]], sahenteuna 2.500 urang palastra, leuwih ti 500 tatu sarta kurang leuwih 90.000 jalma leungiteun imahna.
*[[2015]] – Kasapukan Paris pakait jeung Konvénsi Rancangan Gawé ngeunaan Parobahan Iklim diadopsi.
== Nu babar ==
* [[1915]] – [[Frank Sinatra]], panyanyi Amérika (td. 1998)
* [[1946]] – [[Emerson Fittipaldi]], tukang balap mobil Brasil
* [[1962]] – [[Tracy Austin]], pamaén ténes Amérika
* [[1970]] – [[Jennifer Connelly]], artis Amérika
* [[1970]] – [[Regina Hall]], artis Amérika
* [[1981]] – [[Stephen Warnock]], pamaén bola Inggris
* [[1984]] – [[Daniel Agger]], pamaén bola Dénmark
* [[1990]] – [[Seungri]], panyani Koréa Kidul ([[Big Bang]])
* 1990 – [[Victor Moses]], pamaén bola Nigeria
== Nu pupus ==
* [[2006]] – [[Alda Risma]], panyanyi jeung artis Indonésia (l. 1982)
* [[2007]] – [[Basuki (pelawak)|Basuki]], palawak Indonésia (l. 1956)
== Poé peré / poé panginget-nginget ==
* Poé [[Transimigrasi]] Indonésia
== Tumbu luar ==
{{bulan}}
{{Kalender-pondok}}
[[Kategori:Désémber]]
m586lws4g2h4auam9lgwl7k4878i5qw
14 Désémber
0
12799
708128
624070
2026-04-11T13:29:23Z
~2026-22299-54
36504
708128
wikitext
text/x-wiki
{| style="float:right;"

|{{calendar|lk=on|show_year=on|float=right|month=December|prevnext=on}}

|{{ThisDateInRecentYears|Month=Désémber|Day=2}}

'''14 Désémber''' nyaéta poé ka-348 dina sataun (ka-349 dina [[taun kabisat]]) dina [[kalénder Gregorian]], sésana 17 poé.
== Kajadian ==
* [[835]] – Insidén Ibun Manis: Kaésar Wenzong ti Dinasti Tang nyieun konspirasi pikeun nelasan [[kasim]] nu ngawasa di pangadilan Tang, tapi réncanana digagalkeun.
* [[782]] – Montgolfier sadulur munggaran nyoba hiji balon hawa panas tanpa panumpang di [[Perancis]]; balon éta ngapung ampir 2 km (1,2 mil).
* [[1812]] – Invasi Perancis ka [[Rusia]] lekasan nalika sésa-sésa pasukan ''Grande Armée'' dibuburak ti Rusia.
* [[1814]] – Perang 1812: Angkatan Laut [[Britania Raya|Karajaan Inggris]] ngarebut kakawasan di Dano Borgne, [[Louisiana]].
* [[1900]] – [[Mékanika kuantum|Mekanika Quantum]]: [[Max Planck]] nyérénkeun hiji turunan téoritis tina hukum radiasi badan hideung.
* [[1907]] – ''The Thomas W. Lawson'', kapal laut tanpa mesin pamanas panggedé-gedéna, dina hiji badéy tohaga kabanting sarta tikelebuh di deukeut Lamping Hellweather di sajeroeun Kapuloan [[Sisilia]]. Nahoda jeung 15 palaut maraot.
* [[1911]] – Tim Roald Amundsen, nu kaasup di jerona, Olav Bjaaland, Helmer Hanssen, Sverre Hassel jeung Oscar Wisting, jadi nu munggaran nepi ka [[Kutub Kidul]].
* [[1918]] – Présidén Portugis Sidónio Pais ditelasan ku saurang aktipis sayap kiri di Statsiun Karéta Rossio, [[Lisboa]].
* [[1939]] – Perang Usum Tiis: [[Uni Soviét]] dikaluarkeun ti [[Liga Bangsa-Bangsa]] alatan nyerang [[Finlandia]].
* [[1940]] – [[Plutonium]] (sacara hususna Pu-238) munggaran katimu di Berkeley, [[Kalifornia|California]].
* [[1941]] – [[Perang Dunya II|Perang Dunia II]]: Jepang néken pasini pasakutuan jeung [[Thailand]].
* [[1948]] – Thomas T. Goldsmith Jr. jeung Estle Ray Mann meunangkeun patén pikeun cocoan tabung [[sinar katoda]], mangrupa pangawal-awalna cocooan éléktronik nu kungsi kanyahoan.
* [[1958]] – Ékspédisi [[Antartika]] Ka-3 jadi nu munggaran nepi ka Kutub Kidul ti jalan nu can kungsi kasungsi.
* [[1960]] – Konvénsi ngalawanan Diskriminasi dina Pangatikan di [[UNESCO]] diangkat.
* [[1963]] – Tanggul Waduk Baldwin Hills pejah, nelasan lima jalma sarta ngancurkeun ratusan imah di Los Angeles, California.
* [[1971]] – Perang Pangbébasan Bangladesh: Leuwih ti 200 inteléktual Pakistan Wétan ku Tentara Pakistan katut sakutu lokalna (Tanggal ieu dipiéling di [[Bangladesh]] minangka Poé Sahid Inteléktual).
* [[1981]] – Konflik Arab-Israél: Knesset [[Israél]] ngaratifikasi Hukum [[Dataran Tinggi Golan]], manjangkeun hukum Israél ka wilayah jajahan di Dataran Tinggi Golan.
* [[1992]] – Perang di [[Abkhazia]]: Pangepungan Tkvarcheli: Hiji [[hélikopter]] nu mawa jalma hasil ngaévakuasi ti Tkvarcheli ditémbak murag, ngabalukarkeun saheunteuna 52 urang palastra, kaasup 25 barudak. Insidén ieu ngaronjatkeun perhatian leuwih kana intervénsi Rusia nu nginjeum ngaran Abkhazia.
* [[1995]] – [[Perang Yugoslavia]]: Pasini Dayton ditaréken di Paris ku pamingpin-pamingpin [[Yugoslavia]], [[Kroasia]] jeung [[Bosnia jeung Hérzégovina|Bosnia Herzegowina.]]
* [[1998]] – Perang Yugoslavia: Tantara Yugoslavia nyerang para pajoang Tentara Pangbébasan Kosovo nu nyoba nyelendepkkeun sanjata ti [[Albania]] ka [[Kosovo]], tilu puluh genep urang palastra.
* [[1999]] – Hujan tohaga ngabalukarkeun banjir dadakan di Vargas, [[Venezuéla]], ngakibatkeun korban tiwas puluhan rébuna, rébuan imah ancur sarta rubuh totalna infrastruktur nagara bagéan éta.
* [[2003]] – Présidén Pakistan [[Pervez Musharraf]] méhméhan teu salamet dina hiji usaha panelasan.
* [[2004]] – [[Jambatan Raya Millau,]] panggedé-gedéna jambatan di dunia, diresmikeun di deukeut Millau, Perancis.
* [[2008]] – Muntadhar al-Zaidi malédogkeun sapatuna ka présidén AS harita, [[George W. Bush]] dina hiji konferénsi préss di [[Baghdad]], [[Irak]].
* [[2012]] – Panémbakan di SD Sandy Hook: Dua puluh dalapan jalma, kaasup panémbakna, nemasing pati di Sandy Hook, [[Connecticut]].
* [[2013]] – Hiji percobaan kudéta nu gagal di [[Sudan Kidul]] tuluy nungtun kana peperangan nu panjang nu ngahakan korban ratusan jiwa.
== Nu babar ==
* [[1942]] – [[Dick Wagner]], musisi Amérika (td. 2014)
* [[1949]] – [[Cliff Williams]], pamaén bass Inggris
* [[1951]] – [[Jan Timman]], tukang catur Walanda
* [[1960]] – [[Chris Waddle]], pamaén bola Inggris
* [[1972]] – [[Miranda Hart]], artis Inggris
* [[1979]] – [[Jean-Alain Boumsong]],pamaén bola Perancis
* 1979 – [[Michael Owen]],pamaén bola Inggris
* [[1988]] – [[Vanessa Hudgens]], artis jeung panyanyi Amérika
* [[1992]] – [[Tori Kelly]], tukang ngawih Amérika
== Nu pupus ==
* [[1799]] – [[George Washington]], présidén kahiji Amérika Sarikat (l. 1732)
== Poé peré / poé panginget-nginget ==
* Poé Monyét (Internasional, teu resmi)
== Tumbu luar ==
{{bulan}}
{{Kalender-pondok}}
[[Kategori:Désémber]]
ov5db261l3k72cvqd92aup717zybz8c
15 Désémber
0
12800
708129
605009
2026-04-11T13:31:05Z
~2026-22299-54
36504
708129
wikitext
text/x-wiki
{| style="float:right;"

|{{calendar|lk=on|show_year=on|float=right|month=December|prevnext=on}}

|{{ThisDateInRecentYears|Month=Désémber|Day=2}}

'''15 Désémber''' nyaéta poé ka-349 dina sataun (ka-350 dina [[taun kabisat]]) dina [[kalénder Gregorian]], sésana 16 poé.
==Kajadian==
* [[1256]] – Pasukan [[Mongol]] dina pingpinan Hulagu Khan asup sarta ngancurkeun bénténg Hashshashin di Istana Alamut (kiwari Iran) minangka bagéan tina serangan maranéhna ka [[Asia Kidul Kulon]].
* [[1778]] – Perang Révolusioner Amérika: Kapal perang [[Inggris]] jeung kapal perang [[Perancis]] patelak dina Patempuran St. Lucia.
* [[1791]] – [[Daftar Hak-Hak Amérika Sarikat]] ngajadi hukum nalika diratifikasi ku Majelis Umum Virginia.
* [[1890]] – Pamingpin Suku Hunkpapa Lakota, Sitting Bull ditelasan ku pulisi AS di Panampungan Indian Standing Rock, nungtun kana Pangbantéan Wounded Knee.
* [[1914]] – [[Perang Dunia I]]: Tantara [[Sérbia]] ngarebut deui [[Belgrade]] ti tantara panyerang Austria-Hongaria.
* [[1917]] – Perang Dunia I: Pasini daméy antara [[Rusia]] jeung Kakuatan Tengah ditéken.
* [[1933]] – Amandémén ka-21 Konstitusi [[Amérika Sarikat]] sacara resmi efektif, ngabatalkeun Amandémén ka-18 nu ngalarang kana pangjualan, pangjieunan jeung pangangkutan [[alkohol]].
* [[1939]] – ''Gone with the Wind'' (filem pangahasilkeunna) munggaran dipintonkeun di Téater Agung Loew di Atlanta, [[Georgia]], [[AS]].
* [[1941]] – Penelasan Massal di [[Ukraina]]: Pasukan [[Jérman]] nelasan leuwih ti 15.000 urang [[Yahudi]] di Drobytsky Yar, hiji jurang di kidul-wétaneun kota Kharkiv.
* [[1942]] – [[Perang Dunya II|Perang Dunia II]]: Patempuran Gunung Austen, Kuda Balap jeung Kuda Laut, dimimitian nalika Kampanye Guadalkanal.
*[[1970]] – Férry [[Koréa Kidul]] tibalik di [[Selat Koréa]], nelasan leuwih ti 300 jalma.
* [[1973]] – John Paul Getty III, incu ti jutawan J. Paul Getty, kapanggih hirup kénéh di deukeut [[Naples]], [[Italia|Itali]], saggeus diculik ku hiji géng Itali dina tanggal 10 Juli.
* [[1981]] – Hiji bom bunuh diri nu narajang kaduataan [[Irak]] di [[Béirut]], [[Libanon]], ngaratakeun éta kadutaan sarta nelasan 61 jalma, kaasup duta besar Irak keur Libanon. Serangan éta dianggap minangka serangan bom bunuh diri modérn nu munggaran.
* [[1989]] – Protokol Opsional Kadua pikeun Kapaheutan Internasional ngeunaan Hak-Hak Sipil jeung Pulitik nu pakait jeung pangbatalan hukuman mati diangkat.
* [[1997]] – Pasawat ''Tajikistan Airlines'' 3183 murag di gurun deukeut Sharjah, [[Uni Émirat Arab]], nelasan 85 jalma.
* [[2001]] – [[Munara Pisa|Munara Déngdék Pisa]] dibuka deui sabada méakkeun 11 taun jeung 27 juta dolar pikeun nguatkeunna deui, bari anggeur teu ngagrobah déngdékna.
*2001 –[[Trans TV]] resmi ngajomantara.
*[[2010]] – Hiji parahu nu ngangkut 90 jalma nu nyiar suaka neunggar cadas di basisir [[Pulo Christmas]], [[Australia|Australi]], nelasan 48 jalma.
* [[2013]] – Perang Sipil di [[Sudan Kidul]] dimimitian nalika pamingpin oposisi Dr. Riek Machar, Pagan Amum jeung Rebecca Nyandeng milih pikeun ngaboykot pasamoan Déwan Pangbébasan Nasional di Nyakuron.
* [[2014]] – Saurang jalma basanjata, Haron Monis, nahan 18 sandera di jero Kafé Martin Place salila 16 jam di [[Sydney]]. Monis jeung dua sandera nemasing pati nalika polisi nyerbu kafé dina poé isukna.
*2015 – [[CNN Indonésia]] resmi ngajomantara.
* [[2017]] – Lini 6.5Mw di [[Tasikmalaya]], [[Jawa Kulon]]. Dipastikeun opat maot, 36 tatu, sarta 200 diungsikeun.
== Nu babar ==
* [[37 SM]] – [[Nero]], kaésar Romawi (td. 68)
* [[1890]] – [[Sitting Bull]], Tua Suku Indian Lakota Hunkpapa (l. 1831)
* [[1949]] – [[Don Johnson]], aktor Amérika
* [[1957]] – [[Tim Reynolds]], Gitaris Amérika kalahiran Jérman ([[Dave Matthews Band]])
* [[1963]] – [[Helen Slater]], artis Amérika
* [[1968]] – [[Garrett Wang]], aktor Amérika
* [[1979]] – [[Adam Brody]], aktor Amérika
* [[1981]] – [[Michelle Dockery]], artis Inggris
* [[1982]] – [[Charlie Cox]], aktor Inggris
* [[1983]] – [[Camilla Luddington]], artis Inggris
* [[1984]] – [[Martin Škrtel]], pamaén bola Slowakia
* [[1986]] – [[Keylor Navas]], kiper Kosta Rika
* [[1992]] – [[Jesse Lingard]], pamaén bola Inggris
* [[1993]] – [[Yuro Ataki]], artis Jepang
== Nu pupus ==
* [[1966]] – [[Walt Disney]], animator Amérika nu ngadegkeun Pausahaan Walt Disney (l. 1901)
== Poé peré / poé panginget-nginget ==
* Poé Entéh Internasional
==Tumbu luar==
{{bulan}}
{{Kalender-pondok}}
[[Kategori:Désémber]]
ax70dzwgv3ih9y6azm9iukxsd1mxyos
Mijalma
0
20110
708143
494925
2026-04-12T06:35:35Z
Dinototosugiarto
11449
Ngabaladah
708143
wikitext
text/x-wiki
[[File:Padi Sawah Nyalindung Pasirhuni 1.jpg|thumb|right|250px|Pucuk paré anu ditarungkulkeun; mangrupa conto visual pikeun gaya basa [[Mijalma]] "paré beuneur tarungkul siga menekung".]]
'''Mijalma''' (Aksara Sunda: {{as|ᮙᮤᮏᮜ᮪ᮙ}}) mangrupa salah sahiji wanda [[gaya basa]] anu mapandékeun barang anu henteu nyawaan atawa mahluk séjén (saperti [[sasatoan]] jeung [[tutuwuhan]]) diupamakeun cara pamolah [[jalma]]. Dina [[basa Indonésia]], gaya basa mijalma disebut ''personifikasi'".<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 441.</ref> Dina istilah sastra umum, ieu gaya basa téh sok disebut ogé '''''personifikasi'''''.<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten. kaca 84.</ref>
Conto-conto [[kalimah]] nu ngagunakeun gaya basa mijalma:
*''Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah.''
*''Pucuk janur tingarulang, ngagupayan anu angkat.''
*''Sang Surya lumungsur ka marcapada.''
*''Bulan ngintip tina sela-sela méga''
*''Rebab ceurik ngabangingik.''
*''Angin subuh ngaharéwos nebak ceuli''.
*''Ombakna paudag-udag''.
*''Lokomotif ngahégak lir seunggah nanjak''.
*''Paré beuneur tarungkul siga menekung''.
*''Seuneu ngamuk nguwak-ngawik.''
== Karakteristik ==
Ciri utama tina gaya basa mijalma nyaéta ayana "pindah sipat" ti manusa kana barang anu sabenerna mah teu bisa usik atawa teu boga rasa.<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 245.</ref> Ku ayana ieu gaya basa, hiji kaayaan dina tulisan karasa leuwih hirup, éksprésif, sarta mibanda suasana anu leuwih jero.<ref name="Sudaryat" />
== Tuladan ==
Gaya basa mijalma mindeng pisan kapanggih dina karya sastra Sunda, boh dina wangun prosa (dongéng, carpon) boh dina wangun puisi (sajak, pupuh).<ref name="Ekadjati">Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 150.</ref> Ieu di handap sababaraha tuladanana:
* '''"[[Angin]] peuting ngaharéwos kana ceuli."''' — Dina ieu kalimah, angin (barang paéh) dianggap bisa ngaharéwos kawas manusa.<ref name="Danadibrata" />
* '''"[[Sora]] suling ngalengis dina simpéna peuting."''' — Alat musik suling dianggap bisa ceurik atawa sedih (ngalengis).<ref name="Satjadibrata" />
* '''"[[Gunung]] siga milu nguyung, lebak siga milu susah."''' — Mapandékeun alam boga rasa sedih (nguyung).<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 441.</ref>
* '''"Pucuk janur tingarulang, ngagupayan anu angkat."''' — Janur dianggap bisa méré isarat leungeun (ngagupay).<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 245.</ref>
* '''"[[Panonpoé|Sang Surya]] lumungsur ka [[marcapada]]."''' — Panonpoé (Sang Surya) dianggap tokoh anu bisa turun (lumungsur) kawas manusa.<ref name="Ekadjati">Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 150.</ref>
* '''"[[Bulan]] ngintip tina sela-sela méga."''' — Bulan dianggap boga sipat panasaran (ngintip).<ref name="Sudaryat" />
* '''"Rebab ceurik ngabangingik."''' — Alat musik rebab dianggap bisa ceurik sedih.<ref name="Danadibrata" />
* '''"[[Ombak]]na paudag-udag."''' — Ombak dianggap bisa silih udag kawas barudak keur ulin.<ref name="Sudaryat" />
* '''"[[Lokomotif]] ngahégak lir seunggah nanjak."''' — Mesin karéta dianggap bisa ngarasa capé (ngahégak) sarta horéam (seunggah).<ref name="Danadibrata" />
* '''"[[Paré]] beuneur tarungkul siga menekung."''' — Tutuwuhan paré dianggap boga sikep sujud atawa ibadah (menekung).<ref name="Satjadibrata" />
* '''"[[Seuneu]] ngamuk nguwak-ngawik."''' — Seuneu diupamakeun kawas jalma anu nuju ambek kacida (ngamuk).<ref name="Ekadjati" />
== Fungsi ==
Fungsi utama mijalma nyaéta pikeun ngadeukeutkeun rasa [[pamiarsa]] kana kaayaan nu dicaritakeun.<ref name="Ekadjati" /> Salian ti éta, gaya basa ieu ogé mangrupa pakakas éstétika pikeun nyingkahan basa anu garing atawa formal teuing dina karya sastra.<ref name="Satjadibrata" />
== Réferénsi ==
<references />
== Kategori ==
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
[[Kategori:Retorika]]
== Interwiki ==
[[en:Personification]]
[[id:Personifikasi]]
{{pondok}}
i8057k83saett2uvbfxbhx39h0s4jn7
Hardisk
0
71745
708145
531296
2026-04-12T11:48:23Z
Amherst99
5624
708145
wikitext
text/x-wiki
'''Hardisk''' ({{lang-en|'''hard disk'''}} atau '''''hard disk drive''''' disingkat '''[[HDD]]''' atau '''''hard drive''''' disingkat '''[[HD]]''') nyaéta hiji pakakas kasar nu fungsina minangka média penyimpenan dina [[komputer]].<ref name=":0" /> Lamun ditilik tina ngaranna ''Hard'' hartina kasar sarta ''disk'' hartina cakram, ieu hardisk diwangun ku [[cakram]] (buleud) teuas nu ngaranna ''platter'' anu sénsitip pisan.<ref name=":0" /> Ku kituna, diska kasar sok ditangtayungan ku lempeng wadahna nu kandel sangkan teu henteu kakontaminasi ku kekebul atawa partikel lianna.<ref name=":0" /> Minangka média panyimpenan (tempat neundeun data-data) Diska kasar mibanda résiko anu fatal pisan tinimbang komponén komputer lianna.<ref name=":0">{{Cite book|title=Merawat Laptop dan Personal Computer|last=Heni A.|first=Puspitosari|publisher=Skripta|year=2015|isbn=|location=Yogyakarta|pages=39-40}}</ref><ref name=":0" />
== Cara ngarawat ==
Saenyana, teu hésé dina ngarawat diska kasar sangkan kinérjana hadé pikeun [[pakakas lemes]] nu dijalankeunna.<ref name=":0" />
* Kudu dibiasakeun mareuman (''shutdown'') liwat prosedur nu bener.<ref name=":0" />
* Riksa arus listrik anu diperlukeun ku diska kasar sarta aliranna nu asup kana diska ti [[catu daya]].<ref name=":0" />
== Rujukan ==
{{Reflist}}{{Komputer-panyimpen-pondok}}
[[Kategori:Komputer]]
7aqaxrr1lxjrnmyt7rz1p905dqymapl
708146
708145
2026-04-12T11:49:06Z
Amherst99
5624
708146
wikitext
text/x-wiki
'''Hardisk''' ({{lang-en|'''hard disk'''}} atau '''''hard disk drive''''' disingkat '''[[HDD]]''' atau '''''hard drive''''' disingkat '''[[HD]]''') nyaéta hiji pakakas kasar nu fungsina minangka média penyimpenan dina [[komputer]].<ref name=":0" /> Lamun ditilik tina ngaranna ''hard'' hartina kasar sarta ''disk'' hartina cakram, ieu hardisk diwangun ku [[cakram]] (buleud) teuas nu ngaranna ''platter'' anu sénsitip pisan.<ref name=":0" /> Ku kituna, diska kasar sok ditangtayungan ku lempeng wadahna nu kandel sangkan teu henteu kakontaminasi ku kekebul atawa partikel lianna.<ref name=":0" /> Minangka média panyimpenan (tempat neundeun data-data) Diska kasar mibanda résiko anu fatal pisan tinimbang komponén komputer lianna.<ref name=":0">{{Cite book|title=Merawat Laptop dan Personal Computer|last=Heni A.|first=Puspitosari|publisher=Skripta|year=2015|isbn=|location=Yogyakarta|pages=39-40}}</ref><ref name=":0" />
== Cara ngarawat ==
Saenyana, teu hésé dina ngarawat diska kasar sangkan kinérjana hadé pikeun [[pakakas lemes]] nu dijalankeunna.<ref name=":0" />
* Kudu dibiasakeun mareuman (''shutdown'') liwat prosedur nu bener.<ref name=":0" />
* Riksa arus listrik anu diperlukeun ku diska kasar sarta aliranna nu asup kana diska ti [[catu daya]].<ref name=":0" />
== Rujukan ==
{{Reflist}}{{Komputer-panyimpen-pondok}}
[[Kategori:Komputer]]
nevuiwn3bxxsufknwdetqe7lt6mze86
Ngulik
0
108308
708133
708106
2026-04-11T13:41:21Z
~2026-22299-54
36504
708133
wikitext
text/x-wiki
[[File:UNESCO Country Representative observing manuscript digitization process with local custodians.jpg|thumb|right|350px|Prosés '''Ngulik''' sarta digitalisasi naskah kuna; hiji tarékah pikeun maluruh sarta nyalametkeun pangaweruh karuhun ngagunakeun téknologi modéren.]]
'''Ngulik''' (Aksara Sunda: {{as|ᮍᮥᮜᮤᮊ᮪}}) nyaéta hiji istilah dina [[Basa Sunda]] anu hartina diajar kalayan soson-soson, nalungtik kalayan taliti, sarta maluruh hiji perkara nepi ka akar-akarna.<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co. kaca 317. [https://books.google.co.id/books?id=aENaAAAAcAAJ&pg=PA317 Tutumbu Google Books].</ref> Kecap ieu miboga harti anu leuwih jero batan saukur diajar biasa, sabab ngandung unsur kapanasaran (''curiosity'') sarta katitén (''persistence'').<ref>Coolsma, S. (1913). ''Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek''. Leiden: A.W. Sijthoff. kaca 412.</ref>
== Étimologi jeung Filosofi ==
Dina kamus ''A Dictionary of the Sunda Language'' (1862), [[Jonathan Rigg]] ngajéntrékeun yén kecap asalna nyaéta '''Ulik''', anu hartina "maluruh" atawa "nalungtik" (''to investigate, to search into'').<ref name="Rigg1862" /> Jalma anu keur ngulik biasana miceun waktu jeung tanaga pikeun mahaman hiji kaahlian atawa pangaweruh nepi ka tuntas.
Dina [[Budaya Sunda|kabudayaan Sunda]], ngulik mindeng dikaitkeun jeung babasan:

''"Ngulikarti, ngaloka darigama."''

Ieu babasan miboga harti yén saurang jalma kudu terus-terusan néangan [[élmu]] (ngulik arti) sarta mahaman aturan hirup (darigama) sangkan jadi jalma anu [[Luhung]] sarta miboga [[Komara]].<ref>Rosidi, Ajip. (2000). ''Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 472.</ref>
== Larapan dina Kahirupan ==
Istilah ngulik dilarapkeun dina rupa-rupa widang kahirupan masarakat Sunda:
* '''Ngulik Élmu:''' Kagiatan diajar perkara agama, tatanén, atawa kaahlian séjénna nepi ka ahli.
* '''Ngulik Pakakas:''' Nalungtik cara gawé mesin atawa alat-alat teknis (saperti anu dipigawé ku para peternak atawa tukang kayu).<ref>Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama.</ref>
* '''Ngulik Sastra:''' Kagiatan nulis sarta maca naskah kuno pikeun néangan harti filosofis kahirupan.
== Karakter Jalma nu Resep Ngulik ==
Saurang "pangulik" biasana miboga sipat-sipat ieu di handap:
# '''Sabar:''' Daék nunggu sarta malikan deui prosés nepi ka hasil.
# '''Taliti:''' Teu gampang percaya kana béja anu tacan karuhan benerna.
# '''Handap Asor:''' Sadar yén beuki loba élmu anu diulik, beuki loba perkara anu tacan kanyahoan.<ref>Danasasmita, Saleh. (2001). ''Kamus Basa Sunda Kuna-Indonesia''. Bandung: Kebudayaan Unpad.</ref>
== Tempo Ogé ==
* [[Pangaweruh]]
* [[Luhung]]
* [[Tatakrama]]
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Istilah Basa Sunda]]
[[Kategori:Kabudayaan Sunda]]
[[Kategori:Atikan]]
[[Kategori:Istilah]]
a4f9wrbnvny1c2un9koo87waq8332zq
708134
708133
2026-04-11T13:42:14Z
~2026-22299-54
36504
708134
wikitext
text/x-wiki
[[File:UNESCO Country Representative observing manuscript digitization process with local custodians.jpg|thumb|right|350px|Prosés '''Ngulik''' sarta digitalisasi naskah kuna; hiji tarékah pikeun maluruh sarta nyalametkeun pangaweruh karuhun ngagunakeun téknologi modéren.]]
'''Ngulik''' (Aksara Sunda: {{as|ᮍᮥᮜᮤᮊ᮪}}) nyaéta hiji istilah dina [[Basa Sunda]] anu hartina diajar kalayan soson-soson, nalungtik kalayan taliti, sarta maluruh hiji perkara nepi ka akar-akarna.<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co. kaca 317. [https://books.google.co.id/books?id=aENaAAAAcAAJ&pg=PA317 Tutumbu Google Books].</ref> Kecap ieu miboga harti anu leuwih jero batan saukur diajar biasa, sabab ngandung unsur kapanasaran (''curiosity'') sarta katitén (''persistence'').<ref>Coolsma, S. (1913). ''Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek''. Leiden: A.W. Sijthoff. kaca 412.</ref>
== Étimologi jeung Filosofi ==
Dina kamus ''A Dictionary of the Sunda Language'' (1862), [[Jonathan Rigg]] ngajéntrékeun yén kecap asalna nyaéta '''Ulik''', anu hartina "maluruh" atawa "nalungtik" (''to investigate, to search into'').<ref name="Rigg1862" /> Jalma anu keur ngulik biasana miceun waktu jeung tanaga pikeun mahaman hiji kaahlian atawa pangaweruh nepi ka tuntas.
Dina [[Budaya Sunda|kabudayaan Sunda]], ngulik mindeng dikaitkeun jeung babasan:

''"Ngulikarti, ngaloka darigama."''

Ieu babasan miboga harti yén saurang jalma kudu terus-terusan néangan [[élmu]] (ngulik arti) sarta mahaman aturan hirup (darigama) sangkan jadi jalma anu [[Luhung]] sarta miboga [[Komara]].<ref>Rosidi, Ajip. (2000). ''Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 472.</ref>
== Larapan dina Kahirupan ==
Istilah ngulik dilarapkeun dina rupa-rupa widang kahirupan masarakat Sunda:
* '''Ngulik Élmu:''' Kagiatan diajar perkara agama, tatanén, atawa kaahlian séjénna nepi ka ahli.
* '''Ngulik Pakakas:''' Nalungtik cara gawé mesin atawa alat-alat téknis (saperti anu dipigawé ku para peternak atawa tukang kayu).<ref>Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama.</ref>
* '''Ngulik Sastra:''' Kagiatan nulis sarta maca naskah kuna pikeun néangan harti filosofis kahirupan.
== Karakter Jalma nu Resep Ngulik ==
Saurang "pangulik" biasana miboga sipat-sipat ieu di handap:
# '''Sabar:''' Daék nunggu sarta malikan deui prosés nepi ka hasil.
# '''Taliti:''' Teu gampang percaya kana béja anu tacan karuhan benerna.
# '''Handap Asor:''' Sadar yén beuki loba élmu anu diulik, beuki loba perkara anu tacan kanyahoan.<ref>Danasasmita, Saleh. (2001). ''Kamus Basa Sunda Kuna-Indonesia''. Bandung: Kebudayaan Unpad.</ref>
== Tempo Ogé ==
* [[Pangaweruh]]
* [[Luhung]]
* [[Tatakrama]]
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Istilah Basa Sunda]]
[[Kategori:Kabudayaan Sunda]]
[[Kategori:Atikan]]
[[Kategori:Istilah]]
0q38loapcx3pqroidar4zqi686614rg
Tetekon
0
108309
708132
708109
2026-04-11T13:39:07Z
~2026-22299-54
36504
708132
wikitext
text/x-wiki
[[File:Bujangga Manik.jpg|thumb|right|300px|Tokoh '''Bujangga Manik''' salaku simbol manusa Sunda anu nyekel deleg kana tetekon hirup; ngulik élmu sarta nyungsi jati diri tanpa poho kana ugeran moral sarta tatakrama.]]
'''Tetekon''' (Aksara Sunda: {{as|ᮒᮨᮒᮨᮊᮧᮔ᮪}}) mangrupa hiji istilah dina [[Basa Sunda]] anu sacara harfiah hartina aturan, dadasar, atawa ugeran.<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co. kaca 492.</ref> Dina kontéks anu leuwih jero, tetekon nyaéta dadasar moral sarta étika anu jadi padoman pikeun laku lampah manusa Sunda sangkan tetep aya dina ajén kaluhuran budi.<ref name="LBSS">Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). (1976). ''Kamus Umum Basa Sunda''. Bandung: Tarate. kaca 512.</ref>
== Étimologi ==
Dina ''A Dictionary of the Sunda Language'' (1862), Jonathan Rigg njéntrékeun yén '''Tetekon''' asalna tina kecap ''teken'', anu hartina iteuk atawa panyangga.<ref name="Rigg1862" /> Ieu némbongkeun yén sacara harfiah, tetekon téh nyaéta:
# '''Panyangga Hirup:''' Pakakas pikeun nyekel deleg sangkan manusa teu labuh atawa sasar nalika leumpang.<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 402.</ref>
# '''Patokan:''' Ukuran anu geus ditangtukeun sarta teu meunang dirobah-robah sacara sagawayah.<ref name="LBSS" />
== Makna Filosofis ==
[[File:Sanghyang Siksa Kandang Karesian of old Sunda manuscript, Indonesia.jpg|150px|left|jempol|Sanghyang_Siksa_Kandang_Karesian_of_old_Sunda_manuscript,_Indonesia]]
Saluhureun harti harfiah, tetekon miboga makna filosofis salaku sistem ajén (''value system''). Manusa Sunda anu hirupna "nyekel kana tetekon" hartina manusa anu miboga integritas.<ref>Rosidi, Ajip. (2011). ''Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 88.</ref>
Dina naskah kuna [[Sanghyang Siksakanda Ng Karesian]] (1518 M), tetekon hirup manusa Sunda dijéntrékeun ngaliwatan konsép '''Parigeuing''', nyaéta kamampuh mingpin diri sorangan sarta batur ku cara anu mantes (''persuasive''), lain ku kakuatan fisik atawa jabatan.<ref>Danasasmita, Saleh. (1987). ''Sewaka Darma, Sanghyang Siksakanda Ng Karesian, Amanat Galunggung''. Bandung: Sundanologi. kaca 92.</ref>
== Larapan dina Kaayaan Sosial ==
Dina kanyataan sosial, tetekon sering pisan dibandingkeun jeung kaayaan anu '''Papalimpang''' (patukang tonggong). Papalimpang hartina laku lampah anu geus kaluar tina jalur bebeneran (''to act in opposition'').<ref name="Rigg1862" /> Gejala sosial anu dianggap papalimpang tina tetekon di antarana:
# '''[[Adigung]]:''' Sipat sombong anu timbul tina rasa asa pangmampuhna, anu dina kamus Rigg disebut ''proud'' atawa ''conceited''.<ref name="Rigg1862" />
# '''[[Adiguna]]:''' Nyalahgunakeun kakuatan atawa jabatan pikeun kapentingan sorangan, anu sakuduna jabatan téh dipaké pikeun ''ngasuh'' rahayat.<ref>Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah)''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 124.</ref>
# '''Kaleungitan Komara:''' Nalika pamingpin atawa inohong geus teu miboga deui ''majesty'' atawa wibawa kusabab geus teu nyekel kana bebeneran.<ref name="Rigg1862" />
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Kabudayaan Sunda]]
[[Kategori:Istilah Basa Sunda]]
[[Kategori:Épistemologi]]
[[Kategori:Istilah]]
aec69syjbof8a9vdr91qedcxwx345el
Adigung
0
108310
708131
708124
2026-04-11T13:36:31Z
~2026-22299-54
36504
708131
wikitext
text/x-wiki
[[File:Jefe tóxico.jpg|thumb|right|300px|Ilustrasi ''Atasan Beracun'' (Jefe Tóxico) salaku conto modéren tina sipat '''Adigung'''; laku lampah anu sawenang-wenang sarta asa pangmampuhna nepi ka poho kana ajén-inajén [[Andap Asor]].]]
'''Adigung''' (Aksara Sunda: {{as|ᮃᮓᮤᮌᮥᮀ}}) mangrupa salah sahiji kecap sipat dina [[Basa Sunda]] anu ngajéntrékeun kaayaan haté atawa laku lampah jalma anu sombong, takabur, sarta ngarasa manéh pangpunjulna.<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co. kaca 4. [https://books.google.co.id/books?id=aENaAAAAcAAJ&pg=PA4 Tutumbu Google Books].</ref> Dina tatakrama Sunda, adigung dianggap sipat anu négatif sabab papalingpang jeung ajén-inajén [[Andap Asor]].<ref>Rosidi, Ajip. (2011). ''Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama.</ref>
== Étimologi ==
Dina kamus munggaran basa Sunda, ''A Dictionary of the Sunda Language'' (1862), Jonathan Rigg njéntrékeun yén '''Adigung''' hartina:
# ''Proud'' (sombong/takabur).
# ''Conceited'' (ngarasa manéh panghebatna).
# ''Arrogant'' (angkuh).<ref name="Rigg1862" />
Kecap adigung mindeng dipasangkeun jeung kecap '''Adiguna''', anu sacara gembleng ngawangun harti jalma anu sombong ku kakuatan, kabeungharan, atawa kalungguhanana.<ref name="LBSS">Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). (1976). ''Kamus Umum Basa Sunda''. Bandung: Tarate.</ref>
== Filosofi Tri Tanggah ==
Dina kabudayaan Sunda, adigung téh bagéan tina panyakit méntal anu disebut '''Tri Tanggah''' (tilu hal anu matak nanggah/sombong). Ieu tilu sipat téh nyaéta:<ref>Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah)''. Jakarta: Pustaka Jaya.</ref>
* '''Adigagang:''' Sombong ku kakuatan fisik atawa kakuasaan (simbolna: Gajah).
* '''Adigung:''' Sombong ku rupa, turunan, atawa status sosial (simbolna: Ular/Oray).
* '''Adiguna:''' Sombong ku kabisa, kapinteran, atawa akal (simbolna: Macan).
== Paribasa Sunda anu Relevan ==
Pikeun méré pépéling sangkan manusa teu murag kana sipat adigung, masarakat Sunda miboga sababaraha paribasa, di antarana:
* '''''Adigung adiguna:''''' Jalma anu sombong pisan, boh ku turunan, kabisa, atawa kabeungharanana.
* '''''Ulah luhur pamuji, ulah adigung ku payung:''''' Pépéling sangkan ulah sombong ku dunya barana atawa jabatan (payung), sabab éta kabéh téh ngan saukur titipan.
* '''''Gedé hulu:''''' Jalma anu sombong atawa takabur, ngarasa manéh pangpinteranna.
== Sabalikna tina Adigung ==
Dina [[Tetekon]] hirup urang Sunda, sabalikna tina sipat adigung téh nyaéta '''[[Andap Asor]]''', nyaéta sipat soméah, handap asor, sarta ngahargaan ka papada manusa tanpa nempo status sosialna.<ref>Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama.</ref>
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Étika]]
[[Kategori:Istilah Basa Sunda]]
[[Kategori:Kabudayaan Sunda]]
oyf2eqqgbsrfunejsd99kbmpge0o0z2
Parigeuing
0
108312
708130
708126
2026-04-11T13:35:04Z
~2026-22299-54
36504
708130
wikitext
text/x-wiki
[[File:Portrait of Siliwangi.jpg|thumb|right|300px|Pamingpin anu ngagem sipat '''Parigeuing''' diibaratkeun saperti sajarah Sri Baduga Maharaja (Prabu Siliwangi); tapis dina basa sarta asak dina jeujeuhan sangkan rahayat tumut kalayan rido sarta nagara jadi wibawa.]]
'''Parigeuing''' (Aksara Sunda: {{as|ᮕᮛᮤᮌᮩᮄᮀ}}) nyaéta hiji istilah dina [[Basa Sunda]] anu patali jeung seni mingpin, komunikasi, sarta tata krama dina campur gaul.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 506.</ref> Sacara umum, parigeuing téh nyaéta kamampuh saurang pamingpin atawa inohong pikeun mangaruhan batur ku cara anu lemes, sangkan anu diajakna nurutan kalayan rido sarta teu ngarasa dipaksa.<ref name="SSK">Danasasmita, Saleh. (1987). ''Sewaka Darma, Sanghyang Siksakanda Ng Karesian, Amanat Galunggung''. Bandung: Sundanologi.</ref>
== Étimologi ==
Kecap parigeuing asalna tina dua kecap asal, nyaéta:
* '''Parigi:''' Hartina tapis, pinter, atawa mahér dina ngatur hiji urusan.<ref name="Danadibrata" />
* '''Geuing:''' Hartina ngingetkeun, ngahudangkeun kasadaran, atawa ngajak kalayan haté anu lemes.<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co. kaca 130.</ref>
Ku kituna, parigeuing bisa dihartikeun salaku "kamampuh anu tapis pikeun ngahudangkeun kasadaran batur".
== Makna Filosofis dina Naskah Kuna ==
[[File:Sanghyang Siksa Kandang Karesian of old Sunda manuscript, Indonesia.jpg|Sanghyang_Siksa_Kandang_Karesian_of_old_Sunda_manuscript,_Indonesia|200px|jempol|left|naskah kuna [[Sanghyang Siksa Kandang Karesian|Sanghyang Siksakanda Ng Karesian]] (1518 M)]]
Dina naskah kuna [[Sanghyang Siksakanda Ng Karesian]] (1518 M), parigeuing téh mangrupa salasahiji tina tilu tatapakan pamingpin anu luhung. Unina nyaéta:

"...pinter nitah, pinter nyarita, sangkan nu dititah betah, nu diparentah sumanget."

Ieu némbongkeun yén parigeuing téh lain ngan saukur méré paréntah, tapi aya ajén '''Asah, Asuh, jeung Asih''' di jerona. Pamingpin anu miboga sipat parigeuing bakal dipikaseureud (disegani) lain kusabab dipikasieun (ditakuti), tapi kusabab kawijaksanaanana dina nyarita sarta milih sikep.<ref name="SSK" />
== Larapan dina Kahirupan ==
Saurang anu miboga sipat parigeuing biasana mibanda ciri-ciri:
# '''Tapis dina basa:''' Ngagunakeun kekecapan anu merenah (undak-usuk basa) sangkan teu nugenahkeun haté batur.
# '''Ngulik kaayaan:''' Ngarti kana situasi jeung kaayaan batur sateuacan méré paréntah atawa saran.
# '''Lawan tina [[Hampang Leungeun]]:''' Parigeuing leuwih ngutamakeun kakuatan kecap jeung tuladan batan kakuatan fisik atawa ancaman jabatan.
== Dasa Pasanta (Sapuluh Panengtrem Haté) ==
Pikeun ngajalankeun parigeuing sacara sampurna, saurang pamingpin atawa inohong kedah nyekel deleg kana ajén-inajén '''Dasa Pasanta'''. Ieu mangrupa sapuluh rupa caritaan atawa sikep anu matak nengtremkeun haté batur, sangkan pangaruhna leuwih peurahan batan kakerasan:<ref name="Danadibrata" />
{| class="wikitable"
! No !! Ajén Pasanta !! Hartosna sarta Pépéling

| 1 || '''Guna''' || Caritaanana kudu mibanda mangpaat, sanés ukur omong kosong.

| 2 || '''Ramah''' || Soméah sarta matak nengtremkeun haté anu ngadéngé.

| 3 || '''Hook''' || Caritaan anu dibarengan ku rasa asih atawa empati.

| 4 || '''Pesok''' || Kamampuh mikat haté batur sangkan tumut kalayan rido (persuasi).

| 5 || '''Asih''' || Dasar caritaanana nyaéta rasa nyaah, lain rasa hayang ngawasa.

| 6 || '''Karunya''' || Caritaan anu némbongkeun rasa deudeuh ka sahandapeun.

| 7 || '''Muat''' || Mampuh nampung sarta ngajénan pamanggih batur.

| 8 || '''Saha''' || Sikep anu nganggap batur téh baraya sorangan.

| 9 || '''Déwasa''' || Caritaan anu wijaksana sarta asak dina jeujeuhan.

| 10 || '''Asép''' || Caritaan anu seger, matak tiis ceuli hérang mata ka nu ngadéngé.

== Kacindekan ==
Parigeuing téh nyaéta kakuatan "lemes" urang Sunda. Sanés ku teuasna panangan, tapi ku mantesna basa; sanés ku luhurna pangkat, tapi ku jembarna manah. Dina filosofi Sunda, jalma anu parigeuing dianggap mampuh ngahudangkeun kasadaran tanpa ngagebegkeun, sarta mingpin tanpa nindes.
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Kabudayaan Sunda]]
[[Kategori:Falsafah Sunda]]
[[Kategori:Étika]]
[[Kategori:Istilah]]
8qp4930g9lbp3v5v1a8auclm1fzet6c
Ngupamakeun
0
108313
708136
2026-04-11T14:49:24Z
Dinototosugiarto
11449
Ngabaladah
708136
wikitext
text/x-wiki
[[File:Whole and sliced Areca fruit from Bangladesh.jpg|thumb|right|250px|Gambar buah [[ jambé]] anu dibeulah; mangrupa conto gaya basa [[Ngupamakeun]] pikeun ngagambarkeun dua hal anu sarupa pisan (siga beulah jambé).]]
'''Ngupamakeun''' (Aksara Sunda: {{as|ᮍᮥᮕᮙᮊᮩᮔ᮪}}) atawa dina istilah literatur disebut '''''similé''''' mangrupa salah sahiji [[Gaya Basa]] anu dianggo pikeun mapandékeun atawa ngabandingkeun hiji hal jeung hal séjén anu dianggap mibanda kasaruaan sipat.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 723.</ref>
== Karakteristik ==
Ciri utama tina gaya basa ngupamakeun nyaéta digunakeunana kecap-kecap panyambung ''(konjungsi)'' anu nuduhkeun babandingan atawa kanyataan anu sarua. Kecap-kecap anu biasa dipaké di antarana:
* '''Kawas'''
* '''Lir'''
* '''Ibarat'''
* '''Siga'''
* '''Pindat'''
* '''Cara''' (dina harti ''saperti'')<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (1991). ''Pangajaran Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten.</ref>
== Tuladan (Conto) ==
Ieu di handap aya sababaraha conto larapan gaya basa ngupamakeun dina kalimah:
# "Lumpatna tarik pisan '''lir''' disusul ku kuda." (Ngibaratkeun gancangna lumpat).
# "Éta budak téh bageur pisan, '''kawas''' [[kapas]] anyar dibusikeun." (Ngibaratkeun kasucian atawa kahadéan haté).
# "Beungeutna mani pias '''ibarat''' [[kertas]] bodas." (Ngibaratkeun kaayaan jalma nu sieun atawa gering).
# "Siga '''beulah jambé'''." (Babandingan pikeun dua jalma anu rupana sarimbag pisan).
== Bedana jeung Lalandian ==
Sering pisan jalma pahili antara ngupamakeun (''simile'') jeung [[Lalandian]] (''metaphor''). Bédana téh nyaéta:
* '''Ngupamakeun:''' Ngagunakeun kecap panyambung babandingan (kawas, lir, siga).
* '''Lalandian:''' Langsung nyebutkeun barangna tanpa kecap panyambung (contona: "Si Raja Leuweung" sebutan pikeun maung).<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co.</ref>
[[File:Solanum melongena (2002). (32096069907).jpg|thumb|left|200px|Térong anu dibelah; dina basa Sunda mindeng dijadikeun babandingan (ngupamakeun) nyaéta "kawas térong meunang meulah" pikeun ngagambarkeun dua jalma anu rupana ceplés pisan.]]
== Tuladan dumasar Babasaan ==
Salian ti conto umum, gaya basa ngupamakeun ogé mindeng kapanggih dina [[Babasaan]] Sunda, di antarana:
* '''Kawas [[térong]] meunang meulah:''' Dipaké pikeun ngupamakeun dua jalma anu rupana sasaruaan pisan (ceplés).<ref name="Danadibrata" />
* '''Kawas [[gaang]] katincak:''' Pikeun ngupamakeun kaayaan anu tadina gandéng ujug-ujug jadi jempling pisan.
* '''Kawas [[monyét]] ngagugulung [[kalapa]]:''' Pikeun ngupamakeun jalma anu boga barang tapi teu nyaho cara makéna.
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
[[Kategori:Basa Sunda]]
pd0bsycomcoy3ryrxmg3rc44cje9k8r
Lalandian
0
108314
708137
2026-04-11T23:05:42Z
Dinototosugiarto
11449
Ngabaladah
708137
wikitext
text/x-wiki
[[File:Panthera tigris tigris.jpg|thumb|right|200px|Maung sering dilandian salaku "Raja Leuweung" dina gaya basa Lalandian.]]
'''Lalandian''' (Aksara Sunda: {{as|ᮜᮜᮔ᮪ᮓᮤᮃᮔ᮪}}) mangrupa salah sahiji [[Gaya Basa]] anu dipaké ku cara mapandékeun hiji barang ka barang séjénna anu mibanda sipat anu sarua.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 384.</ref> Dina istilah literatur umum, lalandian téh sahartos sareng istilah '''''metaphor'''''.<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten. kaca 82.</ref> Bédana lalandian jeung [[Ngupamakeun]] (''simile'') nyaéta lalandian mah langsung nyebutkeun barang gagantina tanpa ngagunakeun kecap panyambung babandingan.<ref name="Rigg1862">Rigg, Jonathan. (1862). ''A Dictionary of the Sunda Language of Java''. Batavia: Lange & Co. kaca 241.</ref>
== Papasingan Lalandian ==
Dina sastra Sunda, lalandian téh kabagi janten dua rupa utama dumasar kana cara larapanana:<ref name="Sudaryat" />
=== 1. Lalandian Pituin (Murni) ===
Lalandian pituin nyaéta gaya basa anu langsung ngagunakeun ngaran barang séjén pikeun ngaganti barang sabenerna dumasar kana kasaruaan sipatna.<ref name="Danadibrata" />
* '''Tuladan:''' "Si '''Raja Leuweung''' keur nyumput nungguan mangsana." (Maung dilandian ku Raja Leuweung dumasar kana wibawana).<ref name="Ekadjati">Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 145.</ref>
* '''Tuladan:''' "Dasar si '''Hulu Peti''', dititah kitu waé mani hésé!" (Jalma nu hésé ngarti dilandian ku hulu peti).<ref name="Danadibrata" />
=== 2. Lalandian Déiktis (Landihan Jalma) ===
Lalandian déiktis mangrupa julukan atawa sesebutan pikeun hiji tokoh dumasar kana kaayaan fisik, préstasi, atawa paripolahna anu has.<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 210.</ref>
* '''Tuladan:''' "Sajakna téh hasil karya si '''Si Jalak Harupat'''." (Landihan pikeun tokoh [[Otto Iskandardinata]] anu kawentar wani).<ref name="Ekadjati" />
* '''Tuladan:''' "Si '''Béntang Palajar''' meunang beasiswa ka luar nagri." (Murid pinter dilandian ku lambang béntang).<ref name="Sudaryat" />
== Fungsi Lalandian ==
Lalandian dipaké dina basa Sunda pikeun ngahéman basa sarta méré ajén éstétika dina hiji karya sastra.<ref name="Satjadibrata" /> Salian ti éta, gaya basa ieu ogé fungsina pikeun negeskeun éksprési sarta némbongkeun rasa hormat atawa siloka ka nu diajak nyarita.<ref name="Ekadjati" />
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
[[Kategori:Sémantik]]
i18w8cpxoh0l4j26hc823il02btr22t
Monumén Mandala
0
108315
708138
2026-04-12T03:29:12Z
Pijri Paijar
27067
Nyieun kaca anyar '''Monumen Mandala''' mangrupakeun salah sahiji monumen anu miboga sajarah di Kota [[Makassar]], [[Sulawesi Kulon]]. Monumén ieu mangrupakeun bukti perlawan rahayat Sulawesi Kulon ka ''Nederlandsche Indesche Civil Administratie'' (NICA) anu ngaboncéng tentara sekutu nalika ngawasa deui di Indonésia.<ref>{{Cite book|title=Monumen Mandala|last=Musaffar|first=Syah|publisher=Dinas Kebudayaan dan kepariwisataan Sulawesi-Selatan|year=2011|location=Makassar}}</ref> == Référ...
708138
wikitext
text/x-wiki
'''Monumen Mandala''' mangrupakeun salah sahiji monumen anu miboga sajarah di Kota [[Makassar]], [[Sulawesi Kulon]]. Monumén ieu mangrupakeun bukti perlawan rahayat Sulawesi Kulon ka ''Nederlandsche Indesche Civil Administratie'' (NICA) anu ngaboncéng tentara sekutu nalika ngawasa deui di Indonésia.<ref>{{Cite book|title=Monumen Mandala|last=Musaffar|first=Syah|publisher=Dinas Kebudayaan dan kepariwisataan Sulawesi-Selatan|year=2011|location=Makassar}}</ref>
== Référénsi ==
6a13x3idi7p7i748l8ttinzc3wsmp7j
708139
708138
2026-04-12T03:36:40Z
Pijri Paijar
27067
708139
wikitext
text/x-wiki
'''Monumen Mandala''' mangrupakeun salah sahiji monumen anu miboga sajarah di Kota [[Makassar]], [[Sulawesi Kulon]]. Monumén ieu mangrupakeun bukti perlawanan rahayat Sulawesi Kulon ka ''Nederlandsche Indesche Civil Administratie'' (NICA) anu ngaboncéng tentara sekutu nalika ngawasa deui di Indonésia.<ref>{{Cite book|title=Monumen Mandala|last=Musaffar|first=Syah|publisher=Dinas Kebudayaan dan kepariwisataan Sulawesi-Selatan|year=2011|location=Makassar}}</ref>
== Référénsi ==
5c4yop7tt0pi1iz4kcoqo8dg28owpu7
708140
708139
2026-04-12T03:39:51Z
Pijri Paijar
27067
708140
wikitext
text/x-wiki
'''Monumen Mandala''' mangrupakeun salah sahiji monumen anu miboga sajarah di Kota [[Makassar]], [[Sulawesi Kulon]]. Monumén ieu mangrupakeun bukti perlawanan rahayat Sulawesi Kulon ka ''Nederlandsche Indesche Civil Administratie'' (NICA) anu ngaboncéng tentara sekutu nalika ngawasa deui di Indonésia. Salian éta, monumén ieu ogémangrupakeun salah sahiji bukti perjuangan rahayat Indonésia Wétan keur mertahankeun kadaulatan nagara [[Indonésia]] dina konsép NKRI <ref>{{Cite book|title=Monumen Mandala|last=Musaffar|first=Syah|publisher=Dinas Kebudayaan dan kepariwisataan Sulawesi-Selatan|year=2011|location=Makassar}}</ref>
== Référénsi ==
bql6raji23ls6rjqz9bm07751y9my7l
708141
708140
2026-04-12T03:41:35Z
Pijri Paijar
27067
708141
wikitext
text/x-wiki
[[Gambar:Monumen Mandala, Makassar saat malam hari - 03.jpg|jmpl|333x333px|Monumén Mandala]]
'''Monumen Mandala''' mangrupakeun salah sahiji monumen anu miboga sajarah di Kota [[Makassar]], [[Sulawesi Kulon]]. Monumén ieu mangrupakeun bukti perlawanan rahayat Sulawesi Kulon ka ''Nederlandsche Indesche Civil Administratie'' (NICA) anu ngaboncéng tentara sekutu nalika ngawasa deui di Indonésia. Salian éta, monumén ieu ogémangrupakeun salah sahiji bukti perjuangan rahayat Indonésia Wétan keur mertahankeun kadaulatan nagara [[Indonésia]] dina konsép NKRI <ref>{{Cite book|title=Monumen Mandala|last=Musaffar|first=Syah|publisher=Dinas Kebudayaan dan kepariwisataan Sulawesi-Selatan|year=2011|location=Makassar}}</ref>
== Référénsi ==
p4d5p2auaqdzrh7mvy4mv26xn5zqold
708142
708141
2026-04-12T03:43:41Z
Pijri Paijar
27067
708142
wikitext
text/x-wiki
[[Gambar:Monumen Mandala, Makassar saat malam hari - 03.jpg|jmpl|333x333px|Monumén Mandala]]
'''Monumen Mandala''' mangrupakeun salah sahiji monumen anu miboga sajarah di Kota [[Makassar]], [[Sulawesi Kulon]]. Monumén ieu mangrupakeun bukti perlawanan rahayat Sulawesi Kulon ka ''Nederlandsche Indesche Civil Administratie'' (NICA) anu ngaboncéng tentara sekutu nalika ngawasa deui di Indonésia. Salian éta, monumén ieu ogé mangrupakeun salah sahiji bukti perjuangan rahayat Indonésia Wétan keur mertahankeun kadaulatan nagara [[Indonésia]] dina konsép NKRI <ref>{{Cite book|title=Monumen Mandala|last=Musaffar|first=Syah|publisher=Dinas Kebudayaan dan kepariwisataan Sulawesi-Selatan|year=2011|location=Makassar}}</ref>
== Référénsi ==
8h2snotu9qzqhcys49myl6sk49h53qt
Rautan
0
108316
708144
2026-04-12T11:45:48Z
Dinototosugiarto
11449
Ngabaladah
708144
wikitext
text/x-wiki
[[File:Eid al-Fitr, Bandar Abbas - 2019 06.jpg|thumb|right|250px|Jalma anu nuju sasalaman; mangrupa simbol tina [[Gaya Basa Rautan]] anu fungsina pikeun ngajaga tatakrama sarta ngalemeskeun hubungan papada manusa sangkan teu aya kasinggung.]]
'''Gaya Basa Rautan''' (Aksara Sunda: {{as|ᮌᮚ ᮘᮞ ᮛᮅᮒᮔ᮪}}) atawa dina istilah literatur umum disebut ogé '''''eufimisme''''', nyaéta gaya basa anu dipaké ku cara ngaganti kekecapan anu karasana kasar atawa kurang pantes ku kekecapan séjén anu leuwih lemes atawa leuwih sopan.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 571.</ref>
== Tujuan jeung Fungsi ==
Tujuan utama ngagunakeun gaya basa rautan nyaéta pikeun ngajaga parasaan batur sarta ngalaksanakeun tatakrama basa ([[undak-usuk basa]]).<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten. kaca 88.</ref> Fungsi séjénna nyaéta:<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 112.</ref>
* ''Ngalemeskeun omongan:'' Sangkan nu ngadéngé teu ngarasa kasinggung atawa muringkak.
* ''Ngajaga Kasopanan:'' Némbongkeun yén nu nyarita téh jalma anu nyaho kana aturan sopan santun.
== Tuladan ==
Ieu di handap sababaraha tuladan gaya basa rautan anu mindeng dipaké dina kahirupan sapopoé:<ref name="Sudaryat" />
* '''"Punteun, badé ka pengker sakedap."''' (Kecap ''ka pengker'' dipaké pikeun ngaganti kecap ''modol'' atawa ''[[kiih]]'' anu karasana kasar).
* '''"Anjeunna téh parantos mulih ka jati, mulang ka asal."''' (Kecap ''mulih ka jati'' dipaké pikeun ngaganti kecap ''maot'' atawa ''[[paéh]]'').
* '''"Budak téh kirang titingalanana."''' (Kecap ''kirang titingalanana'' dipaké pikeun ngarautan kecap ''[[lolong]]'').
* '''"Mangga dileueut lalakuna."''' (Kecap ''leueut lalakuna'' dipaké pikeun ngarautan kecap ''mabok'').
* '''"Putrana téh teu damang sakinten."''' (Dipaké pikeun ngaganti kecap ''gélo'' atawa gangguan [[jiwa]]).
== Gambar jeung Filosofi Rautan ==
Dina kahirupan sapopoé, gaya basa rautan téh raket patalina jeung étika sopan santun urang Sunda.<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten. kaca 88.</ref> Nalika urang sasalaman, urang keur ngalaksanakeun "rautan" dina wangun peta (sikep), nyaéta nyamarkeun rasa geuleuh atawa ambek ku cara némbongkeun rasa hormat.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 571.</ref>
Kitu ogé dina basa, rautan dipaké sangkan omongan urang "seungit" sarta genah ditarimana, saperti:
* '''"Anjeunna nuju ka jamban."''' (Leuwih rapih batan nyebutkeun kecap anu jorang).
* '''"Kirang titingalan"''' (Leuwih sopan batan nyebut lolong).
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
[[Kategori:Tatakrama Basa]]
[[Kategori:Basa Sunda]]
knxojlduyownorbuzxxukomolddg48e
Rarahulan
0
108317
708147
2026-04-12T11:53:54Z
Dinototosugiarto
11449
Ngabaladah
708147
wikitext
text/x-wiki
'''Rarahulan''' (Aksara Sunda: {{as|ᮛᮛᮠᮥᮜᮔ᮪}}) atawa dina istilah literatur umum disebut ogé '''''hiperbol''''', nyaéta gaya basa anu nepikeun hiji hal sacara kaleuleuwihi (''ekstratégis'') tina kanyataan anu sabenerna.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 555.</ref> Tujuanana nyaéta pikeun nandeskeun maksud, méré kesan anu jero, atawa ngahudangkeun rasa [[pamiarsa]] sangkan leuwih merhatikeun naon anu dicaritakeun.<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten. kaca 86.</ref>
== Karakteristik ==
Gaya basa rarahulan mibanda ciri has nyaéta ngagunakeun babandingan anu teu asup akal upama ditingali sacara logis, tapi mibanda harti anu jero sacara émosional.<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 301.</ref> Ieu gaya basa mindeng kapanggih dina paguneman sapopoé urang Sunda pikeun ngébréhkeun kaayaan anu luar biasa.<ref name="Ekadjati">Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 152.</ref>
== Tuladan ==
Ieu di handap sababaraha conto kalimah anu ngagunakeun gaya basa rarahulan:
* '''"Ambekna nepi ka getihna asa neureuy jagat."''' (Ngagambarkeun jalma anu [[ambek]] kacida).<ref name="Danadibrata" />
* '''"Saking ku reuwas, jajantungna asa coplok."''' (Ngagambarkeun rasa [[reuwas]] anu kacida).<ref name="Sudaryat" />
* '''"Cina taya hinggana, cipanonna ngabayabah jadi [[walungan]]."''' (Ngagambarkeun kasedih anu kacida jerona).<ref name="Satjadibrata" />
* '''"Lumpatna tarik lir [[kilat]], sakiceup geus nepi."''' (Ngagambarkeun lumpat anu gancang pisan).<ref name="Sudaryat" />
* '''"Sora bakuna handaruan, nepi ka bengat jagat."''' (Ngagambarkeun sora anu tarik pisan).<ref name="Danadibrata" />
== Fungsi ==
Fungsi utama rarahulan nyaéta pikeun:<ref name="Ekadjati" />
* ''Éstétika:'' Ngageulisan basa dina karya sastra saperti sajak atawa carpon.
* ''Émphasizing:'' Nandeskeun hiji kaayaan sangkan karasa leuwih rongkah.
* ''Dramatisasi:'' Nyiptakeun suasana anu dramatis dina hiji carita.
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
[[Kategori:Retorika]]
5jek0kekxuoskhtgg9a7p7v5g32y2oh
708148
708147
2026-04-12T11:57:37Z
Dinototosugiarto
11449
708148
wikitext
text/x-wiki
[[File:Lightning, Friedrichshafen (OW1A0402).jpg|thumb|right|250px|Kilat anu nyamber langit; mangrupa conto visual pikeun gaya basa [[Rarahulan]] anu nepikeun hiji hal sacara rongkah sarta kaleuleuwihi, saperti dina kalimah "lumpatna tarik lir kilat".]]
'''Rarahulan''' (Aksara Sunda: {{as|ᮛᮛᮠᮥᮜᮔ᮪}}) atawa dina istilah literatur umum disebut ogé '''''hiperbol''''', nyaéta gaya basa anu nepikeun hiji hal sacara kaleuleuwihi (''ekstratégis'') tina kanyataan anu sabenerna.<ref name="Danadibrata">Danadibrata, R.A. (2006). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. kaca 555.</ref> Tujuanana nyaéta pikeun nandeskeun maksud, méré kesan anu jero, atawa ngahudangkeun rasa [[pamiarsa]] sangkan leuwih merhatikeun naon anu dicaritakeun.<ref name="Sudaryat">Sudaryat, Yayat. (2005). ''Pamekar Basa: Tatabasa Sunda''. Bandung: Geger Sunten. kaca 86.</ref>
== Karakteristik ==
Gaya basa rarahulan mibanda ciri has nyaéta ngagunakeun babandingan anu teu asup akal upama ditingali sacara logis, tapi mibanda harti anu jero sacara émosional.<ref name="Satjadibrata">Satjadibrata, R. (2005). ''Kamus Basa Sunda''. Bandung: Kiblat Buku Utama. kaca 301.</ref> Ieu gaya basa mindeng kapanggih dina paguneman sapopoé urang Sunda pikeun ngébréhkeun kaayaan anu luar biasa.<ref name="Ekadjati">Ekadjati, Edi S. (1995). ''Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah''. Jakarta: Pustaka Jaya. kaca 152.</ref>
== Tuladan ==
Ieu di handap sababaraha conto kalimah anu ngagunakeun gaya basa rarahulan:
* '''"Ambekna nepi ka getihna asa neureuy jagat."''' (Ngagambarkeun jalma anu [[ambek]] kacida).<ref name="Danadibrata" />
* '''"Saking ku reuwas, jajantungna asa coplok."''' (Ngagambarkeun rasa [[reuwas]] anu kacida).<ref name="Sudaryat" />
* '''"Cina taya hinggana, cipanonna ngabayabah jadi [[walungan]]."''' (Ngagambarkeun kasedih anu kacida jerona).<ref name="Satjadibrata" />
* '''"Lumpatna tarik lir [[kilat]], sakiceup geus nepi."''' (Ngagambarkeun lumpat anu gancang pisan).<ref name="Sudaryat" />
* '''"Sora bakuna handaruan, nepi ka bengat jagat."''' (Ngagambarkeun sora anu tarik pisan).<ref name="Danadibrata" />
== Fungsi ==
Fungsi utama rarahulan nyaéta pikeun:<ref name="Ekadjati" />
* ''Éstétika:'' Ngageulisan basa dina karya sastra saperti sajak atawa carpon.
* ''Émphasizing:'' Nandeskeun hiji kaayaan sangkan karasa leuwih rongkah.
* ''Dramatisasi:'' Nyiptakeun suasana anu dramatis dina hiji carita.
== Réferénsi ==
<references />
[[Kategori:Gaya Basa]]
[[Kategori:Sastra Sunda]]
[[Kategori:Rétorika]]
[[Kategori:Basa Sunda]]
d6j659nq8yujfba44dzdq8jn7a9vnuz