Wikipabukon suwikisource https://su.wikisource.org/wiki/Tepas MediaWiki 1.46.0-wmf.22 first-letter Média Husus Obrolan Pamaké Obrolan pamaké Wikipabukon Obrolan Wikipabukon Gambar Obrolan gambar MédiaWiki Obrolan MédiaWiki Citakan Obrolan citakan Pitulung Obrolan pitulung Kategori Obrolan kategori Pangarang Obrolan Pangarang Kaca Obrolan kaca Indéks Obrolan indéks TimedText TimedText talk Modul Pembicaraan Modul Acara Pembicaraan Acara Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/438 250 1763 47596 18448 2026-04-02T14:24:20Z Deepturquoise 540 /* Kariksa */ 47596 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Deepturquoise" />{{rh||408|}}</noinclude>„Aing, Nini, boga impian, ngimpi katindih langit, katinggang mega". Pok deui Nini: „Aki, aing ge kitoe deui, moal teu tatahaneun oerang ajeuna geuat teang ka tjai". Aki Balagantrang bral ka tjai. Geus tĕpi ka sisi tjai, aja noe ngagĕboer, roepa tjahaja, dina kapek sapa. Aki Balagantrang djolang-djeleng sĕmoe sieun. Geus kitoe, diparantjahan koe Aki, pokna: „tjing, eta noe aja di tataheunan aing, oepama djoerig moedoe njingkir, oepama manoesa oelah aja keneh". Tĕpi doea tiloe kali diparantjahan; tjitjing bae. Disampeurkeun kana sapan aja kanaga tapi ditokot dina kapekna. Toeloej dipanggoel, dibawa ka imahna. Ana diboeka, dieusi moerangkalih pamĕgĕt sarta aloes, batoerna beas hidji ĕntik, ĕndog hidji, kalapa hidji, sarta Aki, Nini atoh katjida. Oerang boga anak, eta beas dikanatampatnakeun, kalapa dipĕlak, ĕndog dibaoerkeun kana pabeasanana". Oemoer toedjoeh poë toedjoeh peuting, eta kalapa bidjil sintoengna, ĕndog mĕgar djadi hajam djago bodas, soemawonna moerangkalih tea geus jasa oelin di imahna Aki, sisina dajeuh Bodjong lopang, sisi tjai ti kalerna. Lila-lila, eta moerangkalih hajang naek kana eta kalapa tea. Ditjaran koe Aki: „oelah, bisi ragrag". Keukeuh bae naek, didjaga bae di handapeun kalapa koe Aki. Tĕpi ka loehoer kalapa, eta moerangkalih ningali ngaler aja lĕmboer gĕde majapak. Mariksa ka Aki: „itoe noe majapak di kaler teh, lĕmboer saha?" Didjawab koe Aki: „lain lĕmboer, nagara". „Nagara naon ngaranna?"<noinclude></noinclude> hzhr8dwptoc35fr7v8vapvi1ycajl38 Kaca:Sri Panggung.pdf/45 250 11471 47595 43788 2026-04-02T14:22:34Z Deepturquoise 540 47595 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="4" user="Srijembarrahayu" /></noinclude>Dur subuh kadenge bedug di masigit sarta teu kungsi lila manehna ngadenge sora mobil ngagerung rek mangkat. „Emh {{ellipsis|6}} Cecep {{ellipsis|6}} ulah jalir tina jangji {{ellipsis|6}} Pisakumahaeun teuing!”<noinclude>{{rh|||43}}</noinclude> mti5srkhu6z5n3oqcdi7zajuilhuri9