Wikipabukon suwikisource https://su.wikisource.org/wiki/Tepas MediaWiki 1.46.0-wmf.26 first-letter Média Husus Obrolan Pamaké Obrolan pamaké Wikipabukon Obrolan Wikipabukon Gambar Obrolan gambar MédiaWiki Obrolan MédiaWiki Citakan Obrolan citakan Pitulung Obrolan pitulung Kategori Obrolan kategori Pangarang Obrolan Pangarang Kaca Obrolan kaca Indéks Obrolan indéks TimedText TimedText talk Modul Pembicaraan Modul Acara Pembicaraan Acara Kidung Lakbok 0 12806 47613 47612 2026-04-30T01:00:08Z HenriPurwanto 1090 Ngarobih tumbu kana PDF lengkap 47613 wikitext text/x-wiki '''"KIDUNG LAKBOK"''' [[Gambar:Kidung_Lakbok_-_Sampul_Buku_Kuno.jpg|jmpl|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] [[Berkas:Kidung_Lakbok_-_Buku_Lengkap.pdf]] '''"KiDung- Lakbok". Nja eta sasakala djeung uga Rawa Lakbok, tina paririmbon Aki Ranadjangga,Ma'lim anu nitis ka Buja Putih.''' '''»PAPATAT - MAKAR«.''' 1. Ngebul kukusna ka Mangung njambuang ka awang-awang,bau kalemba kastori, mangsoji djeung menjan putih, sasadjen djeung rurudjakan, puntjak manik tangtang angin, tjawisan para puhatji, nu datang ti Kahijangan.- 2. Mugi agung nja Paralun, muga djembar pangampura, Ka luhur ka Sang Rumuhun, ka Batara ka Batari, ka Batara Nagaradja, dedemit Onom Siluman, Sang Pramesti Uti Pati.- 3. Paralun amit rek ngindung, Kidung Lakbok nu kapungkur, tjarita kolor Baheula, sasakala asal tadi, Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata ku dewa,Katelah "Bandjarpatroman", nagri gede loh djinawi. 4. Lembur kalingkung ku gunung, botjorna ngan ka sagara, pamali tarung djeung dulur, matak paanggang pakaja, Sang Ratu Ineung Buana, parebut dajeuh Patroman, Ratu Agung Tambakbaja. 5. Nu tarung Patutunggalan, ana djlog ka "Pataruman, Pataruman tempat tarung, nja silih tjabok di Lakbok, ngarengkol di Pasir Djengkol, mikiran kuma akalna, ngawang ngawang di Batulawang. 6. Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih sered di Kawasen, tempat ngadu kasakten, ramena anu keur perang, silih djingdjing silih djungjung, silih gusur silih sumtrung. 7. Silih dupak silih sepak, silih sepak sewangkara, silih djotos silih tjabok,, silih pojok silih haok, silih puak silih bekok, silih tjekek silih kadek, silih tumbuk silih tubruk, silih djingdjing djeung tampiling.- 8. silih gobang silih pedang, silih alung silih bojong, silih sered silih gentjet, silih pentung ku pepentung, silih irik silih gitik, silih pundjeung silih uleng, silih tenggok silih djekok, silih tjiwit silih djembel.- 9. Tarung paungku-ungku, perangna padjaga-djaga, pada sieun kabeunangan, boga rasa kawirangan, wiwirang dikolong tjatang, erana nu eleh perang, kaduhung sagede gunung, wirang sabeurang-sapueting.- 10. Nu perang taja eureuna, itu wani ieu wani, pada-pada embung eleh, taja hidji anu teter, djorelat ngajedat ka "Djelat, diboro ka tjiporoan, mundur ngukuj ka "Tjitanduj, rundag-randeg di "Randegan.- 11. Ngadon ngarandeg sakeudeung, ngadaweung ngabangbang areuj, HUdang patangtang pitingting, LUdeung semu taja keueung, . ....ajonan di Gagajonan, dipupu di "Gunung Tjupu, silih rontok di "Tjikotok, gaduh raos bet kaduhung. 12. Kaduhung tarung djeung dulur, rebut balung tanpa eusi, nu puguh onar ka batur, matak era ka tatangga, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan, lebur adjur tutumpuran, nagri ruksak ku sorangan. 13. Kolot mah mili kawirang, bingung patjampur djeung susah, mikiran nu djadi anak, taja reureuhna nu tarung,Tarung ngadukeun pakarang,Sabuk bandring ting kirintjing,Gondewa henteu kawawa, Ting siripit ting belesur. 14. Burinjaj adu di djalan,Paser potong djadi dua,Sami-sami digdjajana,Namung gaib anu njanding, Putra isin ku ramana,Rasa geus babalik pikir,Njingkiran era kaduhung,Nja njingkur di "Gunung Sangkur 15. "Gunung Sangkur tempat njingkur,Ngaheneng di "Gunung Tumpeng"Tjijdjurej di arej-arej, "Tjiigolentrak milu senggak,Njeggakan nu ngadu rosa,Perang tanding djeung saderek, Wekasan meunang supata,Ngahleng di "Tjitamiang. 16. Reup angkeb bumi djeung langit,Gunung rugrug laut motah,Lini teu aja eureuna,Galindeng sora kawahan,Hawar-hawar kabujutan,Njaksian supata dewa,Nu kantun sami gegetun,Nu nilar ngan bati kelar. 17. Nu anom mung kantun ngungun,Waas patjampur djeung sedih,Bet nagri "Bandjarpatroman,Salin djinis salin rupa,Urut djajeuh djadi leuweung,Urut gedong anu sigrong,Diparake sajang bagong,Djadi leuweung sima gonggong. 18. Situ kalangenan sari, Djadi rantja tjaneoman,Panjaniti musna leungit,Babantjong melong molongpong,Tjaneom djadi geueuman,Tempat etan duruwiksa,Tempat Siluman-sileman,Dedemit tukang tjilimit, 19. Batu karut nutjamerut,Tjimerut dumeh dikantun,Melong ngan bati bengong,Nagara ngarupa rawa, Gedong-gedong jadi pulo,Pulo putri "Pulo Erang,Manusa djaradi hewan,Lele betok belut sidat, 20. Tumenggung nyurup ka lutung,Korawa mangrupa owa,Si Lengser paeh saleser,"Bandjarsari leungit sari,Kabawa kunu ngahijang,Ratu Agung Tambak Baja,Nu aya ngan "Sindangdjaja,"Sindanghaju nu rahaju. 21. Batu petir nu kiwari,Batu karut nu Kapungkur,Mungkurkeun ti "Gunung Sangkur,Ngariung djeung "Batulawang,Batulawang nu ngahadang,Njandingkeun ka "Gunung Tjupu,Wadah manik astagina, Batu peti nu mupusti. 22. Sada gugur di kapitu,Sada gelap di kasanga,Aja sora tanpa rupa,Djaga dina djaman achir, Baris aja nu ngaruat,"Lakbok pulang ka asalna,Nja muntjang labuh ka puku,Kebo mulih pakandangan. 23. Ratu di Gunung Galungung,Menak pentjar Geusan Ulun, Ku eta dadak sakala,Nagara djadi waluja,Musna chajal timbul insan,Loba jalma kadjadjaden,Dedemit setan siluman,Djadi djalma bungkeuleukan. 25. Palungpung kasilih kampung,Tegal mandjah djadi saah,Nja ratu ngaradja dewek,Djalan panjang disaungan,"Langen djadi kalangenan,"Manganti keur sri Manganti,Paranti Gusti ningali, Ngawangngawang ka Batulawang. 25. Panungtung Ngadeg tumenggung,Bawah tatar beulah wetan,Duka dimana lebahna,Ngan disebut "KERTADJAGa,Djaga soteh tjeuk baheula,Nagara pulang ka asal,Kapulih manan birahi,Kapunah batan baheula.- 26. Kitu tjaturing pitutur,Kiwari geus njata pisan,Sihoreng Kangdjeng Pagusten,Nu ngaruat ieu "Lakbok,Nepi ka dieu djadina,Kawas nagara tjitjipatan,Tatapi tjerewedna mah,Baris nepi ka kiamah. '''»MENAK NGAPUNG«''' <nowiki>:</nowiki>''Daweung Menak Padjajaran'':[caption width="1448"]Gaya Baju Klasik[/caption]1. Ngadaweung ngababgban areuj,Ratu di Gunung GalungungMenak pentjar geusan Ulun,Njawang ka tataran wetan,Nagara Bandjarpatroman,Tanah datar bahe ngaler,Ngetan ngidul djlog ka laut,Tjitjiren Garuda ngupuk. 2. Njawang njeueung semu keueung,Rus-ras ka djaman katukang,Tjeuk udjarna nini mojang,Ngudat riwadjat sadjarah.Geusan ulun utun indji,Anu pibakaleun bisa,Nu ngaruat rawa Lakbok,Turunan Ratu Galunggung. 3. Rongheap manak kagugat,Ku riwajat djeung sadjarah,Sadjarah Bandjarpatroman,Baheulana tjenah nagri, Nagri ma'mur loh djinawi,Rea ketan rea keton.Ratuna luhung elmuna,Adil djeung sabar darana. 4. Sampiung ngapung ka manggung,Menak ngapak djomantara,Nu dimaksud rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Inget kana kawadjiban,Ngabela nagri nu gugur,Asal nagri djadi leuweung,Luwang-liwung ku geueuman. 5. Beki luhur pang ngapungna,Beuki lepas pang pangapakna,Paheula-heula djeung heulang,Pahiri-hiri djeung geuri,Paboro-boro djeung rangkong,Njoreang ka tebeh handap,Atra katingal gunungna, Gunung Galungung nu Agung. 6. Gunung Galunggung kapungkur,Majun ka Bandjarpatroman,Gunungna patingparentul, "Gunung Tumpeng nu ngaheneng,"Gunung Sangkur djiga mungkur,"Ngajegir "BAbakan ngelir,Pasir pandjang ngemat-ngemat,Djiga benteng tambak bahja. 7. Katingal Ti awang-awang,Sagara siaga tjileuntjang,Leumpang sakulit ing angin,Kapindingan indung peuting,Kalampatan mega bodas,Kareueukan mega hideung,Sawahna sariga kalang,Majakpak keur beuneur hedjo, 8. Katarandjang angin lada,Angin barat silantangan,Sumiriwing djeg karinding.Gugurna sada ngalindur, Gelapna sada korendang,Tarik tanding mimis bedil,Liang irung kikidungan,Liang tjeuli sondarian, 9. Rea lembur nu kalangkung,Lembur-lembur ting runggunuk,Imah-imahna djarangkung, Da sieun ku sato galak,Maung meong bagong badak,Sagara majakpak bodas,Katingal satungtung deuleu, Laut kidul matak waas. 10. Teu lami Raden djol sumping,Sumpingna ka mega malang,Sakeudeung Raden ngarandeg, Di luhur kota Randegan,Njawang bari larak-lirik,Ngetan ngidul reudjeung ngaler,Katembong Kalapa Nunggal,Ngawawangwang Bandjarpatroman. 11. Sumiripit di wiati,Ngawangwang di awang-awang,Rengking sagede papanting,Rentang sagede papatong,Sumerepet tanding walet,Sumeak tanding kadantja,Kadantja muru raratan,Kawas djogdjog moro mondok. 12. Kawas walik muru lamping,Muru pametinganana,Kawas tjiung muru gunung,Muru pangaubanana, Ngatjatjang di mega malang,Utjang angge mega koneng,Seueurna mega kaliwat,Salawe simpanganana. 13. Simpangan ti Kahijangan,Datang ka tundjang buna,Kana pongpok sarangenge,Tjunduk ka tjurugna galur,Sumpin ka bagalna bulan,Aki geleng Pangantjingan,Pangantjingan langit ping pitu, Neda widi rek Ngaruat, '''»SAGED MENAK ANU DANGDAN«''' 1. Menak Aria keur dangdan Saged tjangtjut tali wondo,Nu mendung lantjingan wulung,Nu njigi lantjingan pandji,Nu marong bandong kantjatna,Tali tjawet dibakutet,Riap sabuk tali datu,Sabuk palangi sahidji. 2. Lain ladang ngurup nukeur,Lain ladang babalantik,Ladang imut pipir lisung,Pangalungan indung-indung, Pamalangan tatambangan,Ladang imut patembongan,Susumping kembang djajanti,Tjettjet kamboja sutra. 3. Tilu suku djeung tjatutna,Sareal djeung naratajan,Satail tempuhanana,Tarolop gagang pangotna, Paranto njotjo nu bentol,Saranka sasarangatan,Gogodong ki djulang enom,Landean tjula bungalan. 4. Pamendak ronjong kantjana,Montjorong pendok emasna,Pondok emas beunang natah, Tatahan ganggong sapotong,Ukiran patra gumelas,Ti gigir di mata walik,Ti tukang dilatjah mentrang, Ti hareup dikuda njeungseung. 5. Dangdan Menak Nu raspati,Dangdan sakadangdan-dan­gdan,Surup payus kana tangtung,Semu geueuman pamulu,Sieup teureu ka pameunteu,Gandes pantes kana degdeg,Gandang tandang amis budi, Pertentang turunan ejang,Bismillah mimiti mudji,Ka Gusti Nu Maha Sutji,Abdi Gusti nu Maha SUtji, Abdi Gusti neda widi,Neda ma'ap rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Sedek rejem-rejem pantes, Sedek kaburu ku beurang,Pang radjah pamunah basa. '''»BANDJAR BAKAL BANDJIR«''' Numutkeun tjeuk udjaring Babad Lakbok, Ngudag latjak sadjarah Bandjatpatroman, Njuktjruk galur tjatur karuhun, kasauran sepuh kapungkur ,,,Bandjar teh bakal Bandjir" Tjenah, malah kunu aranom ajena nu parantos sami ngalaman djaman kiwari, Geus djadi katjapangan ,,,Bandjar Banjir" abong-abong aja paribasa ,,Wong tua gawe wiwitan sing enom darma ngelakoni" Hatina: Kolot nu ngamimitian, nu anom kantun nulujkeun." Tungtuna teh aja basa ,,Tuturut munding". Duka bener henteuna mah, naha enje ieu tah Bandjar bakal bandjir"? ,,,,,Bandjir ku naon?" ,,,Bandjir ku tjai atawa bamdjir ku getih?" ,,,Wallohu 'Alam Bissawab" tjenah tjeuk nu ngadjawab, "Tapi ku emutan sim kuring, kantenan sadayana oge p3antos sami uninga jen ELMU teh KANJAHO,ulah ngan sesemet nepika,,, Wallohu Alam Bissawab" Bae, da kedah nepi kana,, Alam Aenal Jakin Ulah kabar Jakin" margi ajeunamah Djaman,,, kajataan" ,,Kanjataan nu mana?" Kanjataan nu eta, anu njata, anu jakin, anu kaharti ku pikir, anu karampa ku rasa, Anu ka udag ku akal, anu karasa ku basa. Basa alam mikir sing nepi ka kaharti ka ukir ku pikir, basa Alam karampa sing nepi ka karasana kalawan njata, basa alam POK NGOMONG sing nepika BASANA, napi ka NGALAGENANA. Nintjak sing keuna kana hambalanana basa ing ninggang wirahmana, Ulah nete semplek nuntjak semplak, bisi urug teu puguh-puguh, ragrag teu karasa; urug mamawa euntjeh nu ragrag kababawa... Saolah-olah genteng-genteng ulah potong. Sabab naha enja jen Bandjar teh Bakal Bandjir?,,, Naha geus karasa, geus kaalaman atawa teu atjan?! TaaaaaaH,, Ajeuna mangga Urang bahas, Urang di Guar, Ulah Ngan wungkul wangwangan djeung ulang ngan Saukur kira-kira bae. Tjeuk anu nyebatkeun Bandjar Bakal Bandjir ku tjai, eta leres, da parantos sami ngalaman, dina tanggal 02 Djuli 1950, kaleresan kaping 16 bulan puasa 1349, taun Wau malem Ahad Manis, geus kadjadian Bandjar Bandjir nu panggede-gedena, tjeuk urang mah nu nembe ngalaman. Bandjir anu kahidji, anu geus kaalaman, ku sim kuring, kinten-kinten taun 1928, upami teu lepat, margi tjatetanana leungit. Teu sabara ageungna, mung saukur ruksak pasawahan palawidja djeung imah-imah nu aja dikampung Tjikadu, Kalapa Nunggal, Randegan, djeung Tjitapen. Namung Bandjir anu kadua kalina mah, nja eta nu geus kadjadian Kaping 2 Djuli 1950, anu kasebat tadi di luhur sim kuring oge nembe ngalaman. Kenging oge di sebatkeun bandjir anu panggede-gedena. Margi tjai di palebah Lapang Sudarsono djeung dipangadegan,, Luhurna kurang Leuwih 2 meter. Lebah Dieu urang, anu teu uninga bandjir di Bandjar, tiasa njawang, atanapi noong ku panon batin; Pisakumahaen temen djeung sabaraha anu korban, nu sami ngarandapan ruksak imahna, dibelaan ngadon njingkur di imah batur. Parabot Rumah tangga djeung ingon-ingon mah geus teu katjatur; hayam, Meri, soang, entog, Kuda, munding, sapi, embe, loba nu ngarodjaj ngajangkang di tjitanduj. Korban Manusa oge aja. Anu ngarandapan kitu teh nu katangen ti wangkid; Tjisaga, Tjigerendeng, Tjikulak, Parung Lesang, Parung Sari Bodobatu, KP, Pasar, Kp. Gudang, Tjikadu Kalapa Nunggal. Randegan djeung Tjitapen, nja eta lembur- lembur anu tjaket ka sisi tjitanduj. Ku kituna atuh surup djeung pantes kanu njebatkeun Bandjar Bandjir ku tjai, da kitu anu parantos kaalaman. '''»SAUR SEPUH KAPUNGKUR«''' Kadjadian-Kadjadian anu geus kaalaman ku urang teh, ngeunaan oge kana saur sepuh anu kieu tjenah,, Barudak engke didjaman ahir, dimana Gunung Babakan geus kawin djeung Gunung sangkur, Bandjar Bakal bandjir. Aja tjatur beunteur njeuseupan kembang kalapa, nyarusup na langari beukah, Handjat ngarendong dina sela-sela palapah kalapa. Nja Badjar djadi sagara. Sabadana Eta, Bandjar djadi nagara.. Sanggeusan Bandjar djadi nagara, Bandjar Bakal djadikatjapangan: BandjarPatroman_ Bandjar Aman. gke254p2xewm0xj7z44nvrdbh59j6io 47614 47613 2026-04-30T01:25:06Z HenriPurwanto 1090 47614 wikitext text/x-wiki '''"KIDUNG LAKBOK"''' [[Gambar:Kidung_Lakbok_-_Sampul_Buku_Kuno.jpg|jmpl|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] [[Berkas:Kidung Lakbok - Sampul Buku Kuno.jpg|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] '''"KiDung- Lakbok". Nja eta sasakala djeung uga Rawa Lakbok, tina paririmbon Aki Ranadjangga,Ma'lim anu nitis ka Buja Putih.''' '''»PAPATAT - MAKAR«.''' 1. Ngebul kukusna ka Mangung njambuang ka awang-awang,bau kalemba kastori, mangsoji djeung menjan putih, sasadjen djeung rurudjakan, puntjak manik tangtang angin, tjawisan para puhatji, nu datang ti Kahijangan.- 2. Mugi agung nja Paralun, muga djembar pangampura, Ka luhur ka Sang Rumuhun, ka Batara ka Batari, ka Batara Nagaradja, dedemit Onom Siluman, Sang Pramesti Uti Pati.- 3. Paralun amit rek ngindung, Kidung Lakbok nu kapungkur, tjarita kolor Baheula, sasakala asal tadi, Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata ku dewa,Katelah "Bandjarpatroman", nagri gede loh djinawi. 4. Lembur kalingkung ku gunung, botjorna ngan ka sagara, pamali tarung djeung dulur, matak paanggang pakaja, Sang Ratu Ineung Buana, parebut dajeuh Patroman, Ratu Agung Tambakbaja. 5. Nu tarung Patutunggalan, ana djlog ka "Pataruman, Pataruman tempat tarung, nja silih tjabok di Lakbok, ngarengkol di Pasir Djengkol, mikiran kuma akalna, ngawang ngawang di Batulawang. 6. Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih sered di Kawasen, tempat ngadu kasakten, ramena anu keur perang, silih djingdjing silih djungjung, silih gusur silih sumtrung. 7. Silih dupak silih sepak, silih sepak sewangkara, silih djotos silih tjabok,, silih pojok silih haok, silih puak silih bekok, silih tjekek silih kadek, silih tumbuk silih tubruk, silih djingdjing djeung tampiling.- 8. silih gobang silih pedang, silih alung silih bojong, silih sered silih gentjet, silih pentung ku pepentung, silih irik silih gitik, silih pundjeung silih uleng, silih tenggok silih djekok, silih tjiwit silih djembel.- 9. Tarung paungku-ungku, perangna padjaga-djaga, pada sieun kabeunangan, boga rasa kawirangan, wiwirang dikolong tjatang, erana nu eleh perang, kaduhung sagede gunung, wirang sabeurang-sapueting.- 10. Nu perang taja eureuna, itu wani ieu wani, pada-pada embung eleh, taja hidji anu teter, djorelat ngajedat ka "Djelat, diboro ka tjiporoan, mundur ngukuj ka "Tjitanduj, rundag-randeg di "Randegan.- 11. Ngadon ngarandeg sakeudeung, ngadaweung ngabangbang areuj, HUdang patangtang pitingting, LUdeung semu taja keueung, . ....ajonan di Gagajonan, dipupu di "Gunung Tjupu, silih rontok di "Tjikotok, gaduh raos bet kaduhung. 12. Kaduhung tarung djeung dulur, rebut balung tanpa eusi, nu puguh onar ka batur, matak era ka tatangga, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan, lebur adjur tutumpuran, nagri ruksak ku sorangan. 13. Kolot mah mili kawirang, bingung patjampur djeung susah, mikiran nu djadi anak, taja reureuhna nu tarung,Tarung ngadukeun pakarang,Sabuk bandring ting kirintjing,Gondewa henteu kawawa, Ting siripit ting belesur. 14. Burinjaj adu di djalan,Paser potong djadi dua,Sami-sami digdjajana,Namung gaib anu njanding, Putra isin ku ramana,Rasa geus babalik pikir,Njingkiran era kaduhung,Nja njingkur di "Gunung Sangkur 15. "Gunung Sangkur tempat njingkur,Ngaheneng di "Gunung Tumpeng"Tjijdjurej di arej-arej, "Tjiigolentrak milu senggak,Njeggakan nu ngadu rosa,Perang tanding djeung saderek, Wekasan meunang supata,Ngahleng di "Tjitamiang. 16. Reup angkeb bumi djeung langit,Gunung rugrug laut motah,Lini teu aja eureuna,Galindeng sora kawahan,Hawar-hawar kabujutan,Njaksian supata dewa,Nu kantun sami gegetun,Nu nilar ngan bati kelar. 17. Nu anom mung kantun ngungun,Waas patjampur djeung sedih,Bet nagri "Bandjarpatroman,Salin djinis salin rupa,Urut djajeuh djadi leuweung,Urut gedong anu sigrong,Diparake sajang bagong,Djadi leuweung sima gonggong. 18. Situ kalangenan sari, Djadi rantja tjaneoman,Panjaniti musna leungit,Babantjong melong molongpong,Tjaneom djadi geueuman,Tempat etan duruwiksa,Tempat Siluman-sileman,Dedemit tukang tjilimit, 19. Batu karut nutjamerut,Tjimerut dumeh dikantun,Melong ngan bati bengong,Nagara ngarupa rawa, Gedong-gedong jadi pulo,Pulo putri "Pulo Erang,Manusa djaradi hewan,Lele betok belut sidat, 20. Tumenggung nyurup ka lutung,Korawa mangrupa owa,Si Lengser paeh saleser,"Bandjarsari leungit sari,Kabawa kunu ngahijang,Ratu Agung Tambak Baja,Nu aya ngan "Sindangdjaja,"Sindanghaju nu rahaju. 21. Batu petir nu kiwari,Batu karut nu Kapungkur,Mungkurkeun ti "Gunung Sangkur,Ngariung djeung "Batulawang,Batulawang nu ngahadang,Njandingkeun ka "Gunung Tjupu,Wadah manik astagina, Batu peti nu mupusti. 22. Sada gugur di kapitu,Sada gelap di kasanga,Aja sora tanpa rupa,Djaga dina djaman achir, Baris aja nu ngaruat,"Lakbok pulang ka asalna,Nja muntjang labuh ka puku,Kebo mulih pakandangan. 23. Ratu di Gunung Galungung,Menak pentjar Geusan Ulun, Ku eta dadak sakala,Nagara djadi waluja,Musna chajal timbul insan,Loba jalma kadjadjaden,Dedemit setan siluman,Djadi djalma bungkeuleukan. 25. Palungpung kasilih kampung,Tegal mandjah djadi saah,Nja ratu ngaradja dewek,Djalan panjang disaungan,"Langen djadi kalangenan,"Manganti keur sri Manganti,Paranti Gusti ningali, Ngawangngawang ka Batulawang. 25. Panungtung Ngadeg tumenggung,Bawah tatar beulah wetan,Duka dimana lebahna,Ngan disebut "KERTADJAGa,Djaga soteh tjeuk baheula,Nagara pulang ka asal,Kapulih manan birahi,Kapunah batan baheula.- 26. Kitu tjaturing pitutur,Kiwari geus njata pisan,Sihoreng Kangdjeng Pagusten,Nu ngaruat ieu "Lakbok,Nepi ka dieu djadina,Kawas nagara tjitjipatan,Tatapi tjerewedna mah,Baris nepi ka kiamah. '''»MENAK NGAPUNG«''' <nowiki>:</nowiki>''Daweung Menak Padjajaran'':[caption width="1448"]Gaya Baju Klasik[/caption]1. Ngadaweung ngababgban areuj,Ratu di Gunung GalungungMenak pentjar geusan Ulun,Njawang ka tataran wetan,Nagara Bandjarpatroman,Tanah datar bahe ngaler,Ngetan ngidul djlog ka laut,Tjitjiren Garuda ngupuk. 2. Njawang njeueung semu keueung,Rus-ras ka djaman katukang,Tjeuk udjarna nini mojang,Ngudat riwadjat sadjarah.Geusan ulun utun indji,Anu pibakaleun bisa,Nu ngaruat rawa Lakbok,Turunan Ratu Galunggung. 3. Rongheap manak kagugat,Ku riwajat djeung sadjarah,Sadjarah Bandjarpatroman,Baheulana tjenah nagri, Nagri ma'mur loh djinawi,Rea ketan rea keton.Ratuna luhung elmuna,Adil djeung sabar darana. 4. Sampiung ngapung ka manggung,Menak ngapak djomantara,Nu dimaksud rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Inget kana kawadjiban,Ngabela nagri nu gugur,Asal nagri djadi leuweung,Luwang-liwung ku geueuman. 5. Beki luhur pang ngapungna,Beuki lepas pang pangapakna,Paheula-heula djeung heulang,Pahiri-hiri djeung geuri,Paboro-boro djeung rangkong,Njoreang ka tebeh handap,Atra katingal gunungna, Gunung Galungung nu Agung. 6. Gunung Galunggung kapungkur,Majun ka Bandjarpatroman,Gunungna patingparentul, "Gunung Tumpeng nu ngaheneng,"Gunung Sangkur djiga mungkur,"Ngajegir "BAbakan ngelir,Pasir pandjang ngemat-ngemat,Djiga benteng tambak bahja. 7. Katingal Ti awang-awang,Sagara siaga tjileuntjang,Leumpang sakulit ing angin,Kapindingan indung peuting,Kalampatan mega bodas,Kareueukan mega hideung,Sawahna sariga kalang,Majakpak keur beuneur hedjo, 8. Katarandjang angin lada,Angin barat silantangan,Sumiriwing djeg karinding.Gugurna sada ngalindur, Gelapna sada korendang,Tarik tanding mimis bedil,Liang irung kikidungan,Liang tjeuli sondarian, 9. Rea lembur nu kalangkung,Lembur-lembur ting runggunuk,Imah-imahna djarangkung, Da sieun ku sato galak,Maung meong bagong badak,Sagara majakpak bodas,Katingal satungtung deuleu, Laut kidul matak waas. 10. Teu lami Raden djol sumping,Sumpingna ka mega malang,Sakeudeung Raden ngarandeg, Di luhur kota Randegan,Njawang bari larak-lirik,Ngetan ngidul reudjeung ngaler,Katembong Kalapa Nunggal,Ngawawangwang Bandjarpatroman. 11. Sumiripit di wiati,Ngawangwang di awang-awang,Rengking sagede papanting,Rentang sagede papatong,Sumerepet tanding walet,Sumeak tanding kadantja,Kadantja muru raratan,Kawas djogdjog moro mondok. 12. Kawas walik muru lamping,Muru pametinganana,Kawas tjiung muru gunung,Muru pangaubanana, Ngatjatjang di mega malang,Utjang angge mega koneng,Seueurna mega kaliwat,Salawe simpanganana. 13. Simpangan ti Kahijangan,Datang ka tundjang buna,Kana pongpok sarangenge,Tjunduk ka tjurugna galur,Sumpin ka bagalna bulan,Aki geleng Pangantjingan,Pangantjingan langit ping pitu, Neda widi rek Ngaruat, '''»SAGED MENAK ANU DANGDAN«''' 1. Menak Aria keur dangdan Saged tjangtjut tali wondo,Nu mendung lantjingan wulung,Nu njigi lantjingan pandji,Nu marong bandong kantjatna,Tali tjawet dibakutet,Riap sabuk tali datu,Sabuk palangi sahidji. 2. Lain ladang ngurup nukeur,Lain ladang babalantik,Ladang imut pipir lisung,Pangalungan indung-indung, Pamalangan tatambangan,Ladang imut patembongan,Susumping kembang djajanti,Tjettjet kamboja sutra. 3. Tilu suku djeung tjatutna,Sareal djeung naratajan,Satail tempuhanana,Tarolop gagang pangotna, Paranto njotjo nu bentol,Saranka sasarangatan,Gogodong ki djulang enom,Landean tjula bungalan. 4. Pamendak ronjong kantjana,Montjorong pendok emasna,Pondok emas beunang natah, Tatahan ganggong sapotong,Ukiran patra gumelas,Ti gigir di mata walik,Ti tukang dilatjah mentrang, Ti hareup dikuda njeungseung. 5. Dangdan Menak Nu raspati,Dangdan sakadangdan-dan­gdan,Surup payus kana tangtung,Semu geueuman pamulu,Sieup teureu ka pameunteu,Gandes pantes kana degdeg,Gandang tandang amis budi, Pertentang turunan ejang,Bismillah mimiti mudji,Ka Gusti Nu Maha Sutji,Abdi Gusti nu Maha SUtji, Abdi Gusti neda widi,Neda ma'ap rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Sedek rejem-rejem pantes, Sedek kaburu ku beurang,Pang radjah pamunah basa. '''»BANDJAR BAKAL BANDJIR«''' Numutkeun tjeuk udjaring Babad Lakbok, Ngudag latjak sadjarah Bandjatpatroman, Njuktjruk galur tjatur karuhun, kasauran sepuh kapungkur ,,,Bandjar teh bakal Bandjir" Tjenah, malah kunu aranom ajena nu parantos sami ngalaman djaman kiwari, Geus djadi katjapangan ,,,Bandjar Banjir" abong-abong aja paribasa ,,Wong tua gawe wiwitan sing enom darma ngelakoni" Hatina: Kolot nu ngamimitian, nu anom kantun nulujkeun." Tungtuna teh aja basa ,,Tuturut munding". Duka bener henteuna mah, naha enje ieu tah Bandjar bakal bandjir"? ,,,,,Bandjir ku naon?" ,,,Bandjir ku tjai atawa bamdjir ku getih?" ,,,Wallohu 'Alam Bissawab" tjenah tjeuk nu ngadjawab, "Tapi ku emutan sim kuring, kantenan sadayana oge p3antos sami uninga jen ELMU teh KANJAHO,ulah ngan sesemet nepika,,, Wallohu Alam Bissawab" Bae, da kedah nepi kana,, Alam Aenal Jakin Ulah kabar Jakin" margi ajeunamah Djaman,,, kajataan" ,,Kanjataan nu mana?" Kanjataan nu eta, anu njata, anu jakin, anu kaharti ku pikir, anu karampa ku rasa, Anu ka udag ku akal, anu karasa ku basa. Basa alam mikir sing nepi ka kaharti ka ukir ku pikir, basa Alam karampa sing nepi ka karasana kalawan njata, basa alam POK NGOMONG sing nepika BASANA, napi ka NGALAGENANA. Nintjak sing keuna kana hambalanana basa ing ninggang wirahmana, Ulah nete semplek nuntjak semplak, bisi urug teu puguh-puguh, ragrag teu karasa; urug mamawa euntjeh nu ragrag kababawa... Saolah-olah genteng-genteng ulah potong. Sabab naha enja jen Bandjar teh Bakal Bandjir?,,, Naha geus karasa, geus kaalaman atawa teu atjan?! TaaaaaaH,, Ajeuna mangga Urang bahas, Urang di Guar, Ulah Ngan wungkul wangwangan djeung ulang ngan Saukur kira-kira bae. Tjeuk anu nyebatkeun Bandjar Bakal Bandjir ku tjai, eta leres, da parantos sami ngalaman, dina tanggal 02 Djuli 1950, kaleresan kaping 16 bulan puasa 1349, taun Wau malem Ahad Manis, geus kadjadian Bandjar Bandjir nu panggede-gedena, tjeuk urang mah nu nembe ngalaman. Bandjir anu kahidji, anu geus kaalaman, ku sim kuring, kinten-kinten taun 1928, upami teu lepat, margi tjatetanana leungit. Teu sabara ageungna, mung saukur ruksak pasawahan palawidja djeung imah-imah nu aja dikampung Tjikadu, Kalapa Nunggal, Randegan, djeung Tjitapen. Namung Bandjir anu kadua kalina mah, nja eta nu geus kadjadian Kaping 2 Djuli 1950, anu kasebat tadi di luhur sim kuring oge nembe ngalaman. Kenging oge di sebatkeun bandjir anu panggede-gedena. Margi tjai di palebah Lapang Sudarsono djeung dipangadegan,, Luhurna kurang Leuwih 2 meter. Lebah Dieu urang, anu teu uninga bandjir di Bandjar, tiasa njawang, atanapi noong ku panon batin; Pisakumahaen temen djeung sabaraha anu korban, nu sami ngarandapan ruksak imahna, dibelaan ngadon njingkur di imah batur. Parabot Rumah tangga djeung ingon-ingon mah geus teu katjatur; hayam, Meri, soang, entog, Kuda, munding, sapi, embe, loba nu ngarodjaj ngajangkang di tjitanduj. Korban Manusa oge aja. Anu ngarandapan kitu teh nu katangen ti wangkid; Tjisaga, Tjigerendeng, Tjikulak, Parung Lesang, Parung Sari Bodobatu, KP, Pasar, Kp. Gudang, Tjikadu Kalapa Nunggal. Randegan djeung Tjitapen, nja eta lembur- lembur anu tjaket ka sisi tjitanduj. Ku kituna atuh surup djeung pantes kanu njebatkeun Bandjar Bandjir ku tjai, da kitu anu parantos kaalaman. '''»SAUR SEPUH KAPUNGKUR«''' Kadjadian-Kadjadian anu geus kaalaman ku urang teh, ngeunaan oge kana saur sepuh anu kieu tjenah,, Barudak engke didjaman ahir, dimana Gunung Babakan geus kawin djeung Gunung sangkur, Bandjar Bakal bandjir. Aja tjatur beunteur njeuseupan kembang kalapa, nyarusup na langari beukah, Handjat ngarendong dina sela-sela palapah kalapa. Nja Badjar djadi sagara. Sabadana Eta, Bandjar djadi nagara.. Sanggeusan Bandjar djadi nagara, Bandjar Bakal djadikatjapangan: BandjarPatroman_ Bandjar Aman. il4x0lyaw62h82pnpc5n31dvua2wv71 47615 47614 2026-04-30T01:27:09Z HenriPurwanto 1090 47615 wikitext text/x-wiki '''"KIDUNG LAKBOK"''' [[Gambar:Kidung_Lakbok_-_Sampul_Buku_Kuno.jpg|jmpl|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] [File:Kidung Lakbok - Sampul Buku Kuno.jpg|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] '''"KiDung- Lakbok". Nja eta sasakala djeung uga Rawa Lakbok, tina paririmbon Aki Ranadjangga,Ma'lim anu nitis ka Buja Putih.''' '''»PAPATAT - MAKAR«.''' 1. Ngebul kukusna ka Mangung njambuang ka awang-awang,bau kalemba kastori, mangsoji djeung menjan putih, sasadjen djeung rurudjakan, puntjak manik tangtang angin, tjawisan para puhatji, nu datang ti Kahijangan.- 2. Mugi agung nja Paralun, muga djembar pangampura, Ka luhur ka Sang Rumuhun, ka Batara ka Batari, ka Batara Nagaradja, dedemit Onom Siluman, Sang Pramesti Uti Pati.- 3. Paralun amit rek ngindung, Kidung Lakbok nu kapungkur, tjarita kolor Baheula, sasakala asal tadi, Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata ku dewa,Katelah "Bandjarpatroman", nagri gede loh djinawi. 4. Lembur kalingkung ku gunung, botjorna ngan ka sagara, pamali tarung djeung dulur, matak paanggang pakaja, Sang Ratu Ineung Buana, parebut dajeuh Patroman, Ratu Agung Tambakbaja. 5. Nu tarung Patutunggalan, ana djlog ka "Pataruman, Pataruman tempat tarung, nja silih tjabok di Lakbok, ngarengkol di Pasir Djengkol, mikiran kuma akalna, ngawang ngawang di Batulawang. 6. Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih sered di Kawasen, tempat ngadu kasakten, ramena anu keur perang, silih djingdjing silih djungjung, silih gusur silih sumtrung. 7. Silih dupak silih sepak, silih sepak sewangkara, silih djotos silih tjabok,, silih pojok silih haok, silih puak silih bekok, silih tjekek silih kadek, silih tumbuk silih tubruk, silih djingdjing djeung tampiling.- 8. silih gobang silih pedang, silih alung silih bojong, silih sered silih gentjet, silih pentung ku pepentung, silih irik silih gitik, silih pundjeung silih uleng, silih tenggok silih djekok, silih tjiwit silih djembel.- 9. Tarung paungku-ungku, perangna padjaga-djaga, pada sieun kabeunangan, boga rasa kawirangan, wiwirang dikolong tjatang, erana nu eleh perang, kaduhung sagede gunung, wirang sabeurang-sapueting.- 10. Nu perang taja eureuna, itu wani ieu wani, pada-pada embung eleh, taja hidji anu teter, djorelat ngajedat ka "Djelat, diboro ka tjiporoan, mundur ngukuj ka "Tjitanduj, rundag-randeg di "Randegan.- 11. Ngadon ngarandeg sakeudeung, ngadaweung ngabangbang areuj, HUdang patangtang pitingting, LUdeung semu taja keueung, . ....ajonan di Gagajonan, dipupu di "Gunung Tjupu, silih rontok di "Tjikotok, gaduh raos bet kaduhung. 12. Kaduhung tarung djeung dulur, rebut balung tanpa eusi, nu puguh onar ka batur, matak era ka tatangga, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan, lebur adjur tutumpuran, nagri ruksak ku sorangan. 13. Kolot mah mili kawirang, bingung patjampur djeung susah, mikiran nu djadi anak, taja reureuhna nu tarung,Tarung ngadukeun pakarang,Sabuk bandring ting kirintjing,Gondewa henteu kawawa, Ting siripit ting belesur. 14. Burinjaj adu di djalan,Paser potong djadi dua,Sami-sami digdjajana,Namung gaib anu njanding, Putra isin ku ramana,Rasa geus babalik pikir,Njingkiran era kaduhung,Nja njingkur di "Gunung Sangkur 15. "Gunung Sangkur tempat njingkur,Ngaheneng di "Gunung Tumpeng"Tjijdjurej di arej-arej, "Tjiigolentrak milu senggak,Njeggakan nu ngadu rosa,Perang tanding djeung saderek, Wekasan meunang supata,Ngahleng di "Tjitamiang. 16. Reup angkeb bumi djeung langit,Gunung rugrug laut motah,Lini teu aja eureuna,Galindeng sora kawahan,Hawar-hawar kabujutan,Njaksian supata dewa,Nu kantun sami gegetun,Nu nilar ngan bati kelar. 17. Nu anom mung kantun ngungun,Waas patjampur djeung sedih,Bet nagri "Bandjarpatroman,Salin djinis salin rupa,Urut djajeuh djadi leuweung,Urut gedong anu sigrong,Diparake sajang bagong,Djadi leuweung sima gonggong. 18. Situ kalangenan sari, Djadi rantja tjaneoman,Panjaniti musna leungit,Babantjong melong molongpong,Tjaneom djadi geueuman,Tempat etan duruwiksa,Tempat Siluman-sileman,Dedemit tukang tjilimit, 19. Batu karut nutjamerut,Tjimerut dumeh dikantun,Melong ngan bati bengong,Nagara ngarupa rawa, Gedong-gedong jadi pulo,Pulo putri "Pulo Erang,Manusa djaradi hewan,Lele betok belut sidat, 20. Tumenggung nyurup ka lutung,Korawa mangrupa owa,Si Lengser paeh saleser,"Bandjarsari leungit sari,Kabawa kunu ngahijang,Ratu Agung Tambak Baja,Nu aya ngan "Sindangdjaja,"Sindanghaju nu rahaju. 21. Batu petir nu kiwari,Batu karut nu Kapungkur,Mungkurkeun ti "Gunung Sangkur,Ngariung djeung "Batulawang,Batulawang nu ngahadang,Njandingkeun ka "Gunung Tjupu,Wadah manik astagina, Batu peti nu mupusti. 22. Sada gugur di kapitu,Sada gelap di kasanga,Aja sora tanpa rupa,Djaga dina djaman achir, Baris aja nu ngaruat,"Lakbok pulang ka asalna,Nja muntjang labuh ka puku,Kebo mulih pakandangan. 23. Ratu di Gunung Galungung,Menak pentjar Geusan Ulun, Ku eta dadak sakala,Nagara djadi waluja,Musna chajal timbul insan,Loba jalma kadjadjaden,Dedemit setan siluman,Djadi djalma bungkeuleukan. 25. Palungpung kasilih kampung,Tegal mandjah djadi saah,Nja ratu ngaradja dewek,Djalan panjang disaungan,"Langen djadi kalangenan,"Manganti keur sri Manganti,Paranti Gusti ningali, Ngawangngawang ka Batulawang. 25. Panungtung Ngadeg tumenggung,Bawah tatar beulah wetan,Duka dimana lebahna,Ngan disebut "KERTADJAGa,Djaga soteh tjeuk baheula,Nagara pulang ka asal,Kapulih manan birahi,Kapunah batan baheula.- 26. Kitu tjaturing pitutur,Kiwari geus njata pisan,Sihoreng Kangdjeng Pagusten,Nu ngaruat ieu "Lakbok,Nepi ka dieu djadina,Kawas nagara tjitjipatan,Tatapi tjerewedna mah,Baris nepi ka kiamah. '''»MENAK NGAPUNG«''' <nowiki>:</nowiki>''Daweung Menak Padjajaran'':[caption width="1448"]Gaya Baju Klasik[/caption]1. Ngadaweung ngababgban areuj,Ratu di Gunung GalungungMenak pentjar geusan Ulun,Njawang ka tataran wetan,Nagara Bandjarpatroman,Tanah datar bahe ngaler,Ngetan ngidul djlog ka laut,Tjitjiren Garuda ngupuk. 2. Njawang njeueung semu keueung,Rus-ras ka djaman katukang,Tjeuk udjarna nini mojang,Ngudat riwadjat sadjarah.Geusan ulun utun indji,Anu pibakaleun bisa,Nu ngaruat rawa Lakbok,Turunan Ratu Galunggung. 3. Rongheap manak kagugat,Ku riwajat djeung sadjarah,Sadjarah Bandjarpatroman,Baheulana tjenah nagri, Nagri ma'mur loh djinawi,Rea ketan rea keton.Ratuna luhung elmuna,Adil djeung sabar darana. 4. Sampiung ngapung ka manggung,Menak ngapak djomantara,Nu dimaksud rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Inget kana kawadjiban,Ngabela nagri nu gugur,Asal nagri djadi leuweung,Luwang-liwung ku geueuman. 5. Beki luhur pang ngapungna,Beuki lepas pang pangapakna,Paheula-heula djeung heulang,Pahiri-hiri djeung geuri,Paboro-boro djeung rangkong,Njoreang ka tebeh handap,Atra katingal gunungna, Gunung Galungung nu Agung. 6. Gunung Galunggung kapungkur,Majun ka Bandjarpatroman,Gunungna patingparentul, "Gunung Tumpeng nu ngaheneng,"Gunung Sangkur djiga mungkur,"Ngajegir "BAbakan ngelir,Pasir pandjang ngemat-ngemat,Djiga benteng tambak bahja. 7. Katingal Ti awang-awang,Sagara siaga tjileuntjang,Leumpang sakulit ing angin,Kapindingan indung peuting,Kalampatan mega bodas,Kareueukan mega hideung,Sawahna sariga kalang,Majakpak keur beuneur hedjo, 8. Katarandjang angin lada,Angin barat silantangan,Sumiriwing djeg karinding.Gugurna sada ngalindur, Gelapna sada korendang,Tarik tanding mimis bedil,Liang irung kikidungan,Liang tjeuli sondarian, 9. Rea lembur nu kalangkung,Lembur-lembur ting runggunuk,Imah-imahna djarangkung, Da sieun ku sato galak,Maung meong bagong badak,Sagara majakpak bodas,Katingal satungtung deuleu, Laut kidul matak waas. 10. Teu lami Raden djol sumping,Sumpingna ka mega malang,Sakeudeung Raden ngarandeg, Di luhur kota Randegan,Njawang bari larak-lirik,Ngetan ngidul reudjeung ngaler,Katembong Kalapa Nunggal,Ngawawangwang Bandjarpatroman. 11. Sumiripit di wiati,Ngawangwang di awang-awang,Rengking sagede papanting,Rentang sagede papatong,Sumerepet tanding walet,Sumeak tanding kadantja,Kadantja muru raratan,Kawas djogdjog moro mondok. 12. Kawas walik muru lamping,Muru pametinganana,Kawas tjiung muru gunung,Muru pangaubanana, Ngatjatjang di mega malang,Utjang angge mega koneng,Seueurna mega kaliwat,Salawe simpanganana. 13. Simpangan ti Kahijangan,Datang ka tundjang buna,Kana pongpok sarangenge,Tjunduk ka tjurugna galur,Sumpin ka bagalna bulan,Aki geleng Pangantjingan,Pangantjingan langit ping pitu, Neda widi rek Ngaruat, '''»SAGED MENAK ANU DANGDAN«''' 1. Menak Aria keur dangdan Saged tjangtjut tali wondo,Nu mendung lantjingan wulung,Nu njigi lantjingan pandji,Nu marong bandong kantjatna,Tali tjawet dibakutet,Riap sabuk tali datu,Sabuk palangi sahidji. 2. Lain ladang ngurup nukeur,Lain ladang babalantik,Ladang imut pipir lisung,Pangalungan indung-indung, Pamalangan tatambangan,Ladang imut patembongan,Susumping kembang djajanti,Tjettjet kamboja sutra. 3. Tilu suku djeung tjatutna,Sareal djeung naratajan,Satail tempuhanana,Tarolop gagang pangotna, Paranto njotjo nu bentol,Saranka sasarangatan,Gogodong ki djulang enom,Landean tjula bungalan. 4. Pamendak ronjong kantjana,Montjorong pendok emasna,Pondok emas beunang natah, Tatahan ganggong sapotong,Ukiran patra gumelas,Ti gigir di mata walik,Ti tukang dilatjah mentrang, Ti hareup dikuda njeungseung. 5. Dangdan Menak Nu raspati,Dangdan sakadangdan-dan­gdan,Surup payus kana tangtung,Semu geueuman pamulu,Sieup teureu ka pameunteu,Gandes pantes kana degdeg,Gandang tandang amis budi, Pertentang turunan ejang,Bismillah mimiti mudji,Ka Gusti Nu Maha Sutji,Abdi Gusti nu Maha SUtji, Abdi Gusti neda widi,Neda ma'ap rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Sedek rejem-rejem pantes, Sedek kaburu ku beurang,Pang radjah pamunah basa. '''»BANDJAR BAKAL BANDJIR«''' Numutkeun tjeuk udjaring Babad Lakbok, Ngudag latjak sadjarah Bandjatpatroman, Njuktjruk galur tjatur karuhun, kasauran sepuh kapungkur ,,,Bandjar teh bakal Bandjir" Tjenah, malah kunu aranom ajena nu parantos sami ngalaman djaman kiwari, Geus djadi katjapangan ,,,Bandjar Banjir" abong-abong aja paribasa ,,Wong tua gawe wiwitan sing enom darma ngelakoni" Hatina: Kolot nu ngamimitian, nu anom kantun nulujkeun." Tungtuna teh aja basa ,,Tuturut munding". Duka bener henteuna mah, naha enje ieu tah Bandjar bakal bandjir"? ,,,,,Bandjir ku naon?" ,,,Bandjir ku tjai atawa bamdjir ku getih?" ,,,Wallohu 'Alam Bissawab" tjenah tjeuk nu ngadjawab, "Tapi ku emutan sim kuring, kantenan sadayana oge p3antos sami uninga jen ELMU teh KANJAHO,ulah ngan sesemet nepika,,, Wallohu Alam Bissawab" Bae, da kedah nepi kana,, Alam Aenal Jakin Ulah kabar Jakin" margi ajeunamah Djaman,,, kajataan" ,,Kanjataan nu mana?" Kanjataan nu eta, anu njata, anu jakin, anu kaharti ku pikir, anu karampa ku rasa, Anu ka udag ku akal, anu karasa ku basa. Basa alam mikir sing nepi ka kaharti ka ukir ku pikir, basa Alam karampa sing nepi ka karasana kalawan njata, basa alam POK NGOMONG sing nepika BASANA, napi ka NGALAGENANA. Nintjak sing keuna kana hambalanana basa ing ninggang wirahmana, Ulah nete semplek nuntjak semplak, bisi urug teu puguh-puguh, ragrag teu karasa; urug mamawa euntjeh nu ragrag kababawa... Saolah-olah genteng-genteng ulah potong. Sabab naha enja jen Bandjar teh Bakal Bandjir?,,, Naha geus karasa, geus kaalaman atawa teu atjan?! TaaaaaaH,, Ajeuna mangga Urang bahas, Urang di Guar, Ulah Ngan wungkul wangwangan djeung ulang ngan Saukur kira-kira bae. Tjeuk anu nyebatkeun Bandjar Bakal Bandjir ku tjai, eta leres, da parantos sami ngalaman, dina tanggal 02 Djuli 1950, kaleresan kaping 16 bulan puasa 1349, taun Wau malem Ahad Manis, geus kadjadian Bandjar Bandjir nu panggede-gedena, tjeuk urang mah nu nembe ngalaman. Bandjir anu kahidji, anu geus kaalaman, ku sim kuring, kinten-kinten taun 1928, upami teu lepat, margi tjatetanana leungit. Teu sabara ageungna, mung saukur ruksak pasawahan palawidja djeung imah-imah nu aja dikampung Tjikadu, Kalapa Nunggal, Randegan, djeung Tjitapen. Namung Bandjir anu kadua kalina mah, nja eta nu geus kadjadian Kaping 2 Djuli 1950, anu kasebat tadi di luhur sim kuring oge nembe ngalaman. Kenging oge di sebatkeun bandjir anu panggede-gedena. Margi tjai di palebah Lapang Sudarsono djeung dipangadegan,, Luhurna kurang Leuwih 2 meter. Lebah Dieu urang, anu teu uninga bandjir di Bandjar, tiasa njawang, atanapi noong ku panon batin; Pisakumahaen temen djeung sabaraha anu korban, nu sami ngarandapan ruksak imahna, dibelaan ngadon njingkur di imah batur. Parabot Rumah tangga djeung ingon-ingon mah geus teu katjatur; hayam, Meri, soang, entog, Kuda, munding, sapi, embe, loba nu ngarodjaj ngajangkang di tjitanduj. Korban Manusa oge aja. Anu ngarandapan kitu teh nu katangen ti wangkid; Tjisaga, Tjigerendeng, Tjikulak, Parung Lesang, Parung Sari Bodobatu, KP, Pasar, Kp. Gudang, Tjikadu Kalapa Nunggal. Randegan djeung Tjitapen, nja eta lembur- lembur anu tjaket ka sisi tjitanduj. Ku kituna atuh surup djeung pantes kanu njebatkeun Bandjar Bandjir ku tjai, da kitu anu parantos kaalaman. '''»SAUR SEPUH KAPUNGKUR«''' Kadjadian-Kadjadian anu geus kaalaman ku urang teh, ngeunaan oge kana saur sepuh anu kieu tjenah,, Barudak engke didjaman ahir, dimana Gunung Babakan geus kawin djeung Gunung sangkur, Bandjar Bakal bandjir. Aja tjatur beunteur njeuseupan kembang kalapa, nyarusup na langari beukah, Handjat ngarendong dina sela-sela palapah kalapa. Nja Badjar djadi sagara. Sabadana Eta, Bandjar djadi nagara.. Sanggeusan Bandjar djadi nagara, Bandjar Bakal djadikatjapangan: BandjarPatroman_ Bandjar Aman. mieitnixzuz2h4ih9c4wb6kwavmm44e 47616 47615 2026-04-30T01:42:42Z HenriPurwanto 1090 47616 wikitext text/x-wiki '''"KIDUNG LAKBOK"''' [[Gambar:Kidung_Lakbok_-_Sampul_Buku_Kuno.jpg|jmpl|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] [[Gambar:Kidung_Lakbok_-_Sampul_Buku_Kuno.jpg|Sampul asli naskah Kidung Lakbok]] '''"KiDung- Lakbok". Nja eta sasakala djeung uga Rawa Lakbok, tina paririmbon Aki Ranadjangga,Ma'lim anu nitis ka Buja Putih.''' '''»PAPATAT - MAKAR«.''' 1. Ngebul kukusna ka Mangung njambuang ka awang-awang,bau kalemba kastori, mangsoji djeung menjan putih, sasadjen djeung rurudjakan, puntjak manik tangtang angin, tjawisan para puhatji, nu datang ti Kahijangan.- 2. Mugi agung nja Paralun, muga djembar pangampura, Ka luhur ka Sang Rumuhun, ka Batara ka Batari, ka Batara Nagaradja, dedemit Onom Siluman, Sang Pramesti Uti Pati.- 3. Paralun amit rek ngindung, Kidung Lakbok nu kapungkur, tjarita kolor Baheula, sasakala asal tadi, Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata ku dewa,Katelah "Bandjarpatroman", nagri gede loh djinawi. 4. Lembur kalingkung ku gunung, botjorna ngan ka sagara, pamali tarung djeung dulur, matak paanggang pakaja, Sang Ratu Ineung Buana, parebut dajeuh Patroman, Ratu Agung Tambakbaja. 5. Nu tarung Patutunggalan, ana djlog ka "Pataruman, Pataruman tempat tarung, nja silih tjabok di Lakbok, ngarengkol di Pasir Djengkol, mikiran kuma akalna, ngawang ngawang di Batulawang. 6. Silih sUrung di tjikawung, silih dupak di Kokoplak, silih sered di Kawasen, tempat ngadu kasakten, ramena anu keur perang, silih djingdjing silih djungjung, silih gusur silih sumtrung. 7. Silih dupak silih sepak, silih sepak sewangkara, silih djotos silih tjabok,, silih pojok silih haok, silih puak silih bekok, silih tjekek silih kadek, silih tumbuk silih tubruk, silih djingdjing djeung tampiling.- 8. silih gobang silih pedang, silih alung silih bojong, silih sered silih gentjet, silih pentung ku pepentung, silih irik silih gitik, silih pundjeung silih uleng, silih tenggok silih djekok, silih tjiwit silih djembel.- 9. Tarung paungku-ungku, perangna padjaga-djaga, pada sieun kabeunangan, boga rasa kawirangan, wiwirang dikolong tjatang, erana nu eleh perang, kaduhung sagede gunung, wirang sabeurang-sapueting.- 10. Nu perang taja eureuna, itu wani ieu wani, pada-pada embung eleh, taja hidji anu teter, djorelat ngajedat ka "Djelat, diboro ka tjiporoan, mundur ngukuj ka "Tjitanduj, rundag-randeg di "Randegan.- 11. Ngadon ngarandeg sakeudeung, ngadaweung ngabangbang areuj, HUdang patangtang pitingting, LUdeung semu taja keueung, . ....ajonan di Gagajonan, dipupu di "Gunung Tjupu, silih rontok di "Tjikotok, gaduh raos bet kaduhung. 12. Kaduhung tarung djeung dulur, rebut balung tanpa eusi, nu puguh onar ka batur, matak era ka tatangga, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan, lebur adjur tutumpuran, nagri ruksak ku sorangan. 13. Kolot mah mili kawirang, bingung patjampur djeung susah, mikiran nu djadi anak, taja reureuhna nu tarung,Tarung ngadukeun pakarang,Sabuk bandring ting kirintjing,Gondewa henteu kawawa, Ting siripit ting belesur. 14. Burinjaj adu di djalan,Paser potong djadi dua,Sami-sami digdjajana,Namung gaib anu njanding, Putra isin ku ramana,Rasa geus babalik pikir,Njingkiran era kaduhung,Nja njingkur di "Gunung Sangkur 15. "Gunung Sangkur tempat njingkur,Ngaheneng di "Gunung Tumpeng"Tjijdjurej di arej-arej, "Tjiigolentrak milu senggak,Njeggakan nu ngadu rosa,Perang tanding djeung saderek, Wekasan meunang supata,Ngahleng di "Tjitamiang. 16. Reup angkeb bumi djeung langit,Gunung rugrug laut motah,Lini teu aja eureuna,Galindeng sora kawahan,Hawar-hawar kabujutan,Njaksian supata dewa,Nu kantun sami gegetun,Nu nilar ngan bati kelar. 17. Nu anom mung kantun ngungun,Waas patjampur djeung sedih,Bet nagri "Bandjarpatroman,Salin djinis salin rupa,Urut djajeuh djadi leuweung,Urut gedong anu sigrong,Diparake sajang bagong,Djadi leuweung sima gonggong. 18. Situ kalangenan sari, Djadi rantja tjaneoman,Panjaniti musna leungit,Babantjong melong molongpong,Tjaneom djadi geueuman,Tempat etan duruwiksa,Tempat Siluman-sileman,Dedemit tukang tjilimit, 19. Batu karut nutjamerut,Tjimerut dumeh dikantun,Melong ngan bati bengong,Nagara ngarupa rawa, Gedong-gedong jadi pulo,Pulo putri "Pulo Erang,Manusa djaradi hewan,Lele betok belut sidat, 20. Tumenggung nyurup ka lutung,Korawa mangrupa owa,Si Lengser paeh saleser,"Bandjarsari leungit sari,Kabawa kunu ngahijang,Ratu Agung Tambak Baja,Nu aya ngan "Sindangdjaja,"Sindanghaju nu rahaju. 21. Batu petir nu kiwari,Batu karut nu Kapungkur,Mungkurkeun ti "Gunung Sangkur,Ngariung djeung "Batulawang,Batulawang nu ngahadang,Njandingkeun ka "Gunung Tjupu,Wadah manik astagina, Batu peti nu mupusti. 22. Sada gugur di kapitu,Sada gelap di kasanga,Aja sora tanpa rupa,Djaga dina djaman achir, Baris aja nu ngaruat,"Lakbok pulang ka asalna,Nja muntjang labuh ka puku,Kebo mulih pakandangan. 23. Ratu di Gunung Galungung,Menak pentjar Geusan Ulun, Ku eta dadak sakala,Nagara djadi waluja,Musna chajal timbul insan,Loba jalma kadjadjaden,Dedemit setan siluman,Djadi djalma bungkeuleukan. 25. Palungpung kasilih kampung,Tegal mandjah djadi saah,Nja ratu ngaradja dewek,Djalan panjang disaungan,"Langen djadi kalangenan,"Manganti keur sri Manganti,Paranti Gusti ningali, Ngawangngawang ka Batulawang. 25. Panungtung Ngadeg tumenggung,Bawah tatar beulah wetan,Duka dimana lebahna,Ngan disebut "KERTADJAGa,Djaga soteh tjeuk baheula,Nagara pulang ka asal,Kapulih manan birahi,Kapunah batan baheula.- 26. Kitu tjaturing pitutur,Kiwari geus njata pisan,Sihoreng Kangdjeng Pagusten,Nu ngaruat ieu "Lakbok,Nepi ka dieu djadina,Kawas nagara tjitjipatan,Tatapi tjerewedna mah,Baris nepi ka kiamah. '''»MENAK NGAPUNG«''' <nowiki>:</nowiki>''Daweung Menak Padjajaran'':[caption width="1448"]Gaya Baju Klasik[/caption]1. Ngadaweung ngababgban areuj,Ratu di Gunung GalungungMenak pentjar geusan Ulun,Njawang ka tataran wetan,Nagara Bandjarpatroman,Tanah datar bahe ngaler,Ngetan ngidul djlog ka laut,Tjitjiren Garuda ngupuk. 2. Njawang njeueung semu keueung,Rus-ras ka djaman katukang,Tjeuk udjarna nini mojang,Ngudat riwadjat sadjarah.Geusan ulun utun indji,Anu pibakaleun bisa,Nu ngaruat rawa Lakbok,Turunan Ratu Galunggung. 3. Rongheap manak kagugat,Ku riwajat djeung sadjarah,Sadjarah Bandjarpatroman,Baheulana tjenah nagri, Nagri ma'mur loh djinawi,Rea ketan rea keton.Ratuna luhung elmuna,Adil djeung sabar darana. 4. Sampiung ngapung ka manggung,Menak ngapak djomantara,Nu dimaksud rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Inget kana kawadjiban,Ngabela nagri nu gugur,Asal nagri djadi leuweung,Luwang-liwung ku geueuman. 5. Beki luhur pang ngapungna,Beuki lepas pang pangapakna,Paheula-heula djeung heulang,Pahiri-hiri djeung geuri,Paboro-boro djeung rangkong,Njoreang ka tebeh handap,Atra katingal gunungna, Gunung Galungung nu Agung. 6. Gunung Galunggung kapungkur,Majun ka Bandjarpatroman,Gunungna patingparentul, "Gunung Tumpeng nu ngaheneng,"Gunung Sangkur djiga mungkur,"Ngajegir "BAbakan ngelir,Pasir pandjang ngemat-ngemat,Djiga benteng tambak bahja. 7. Katingal Ti awang-awang,Sagara siaga tjileuntjang,Leumpang sakulit ing angin,Kapindingan indung peuting,Kalampatan mega bodas,Kareueukan mega hideung,Sawahna sariga kalang,Majakpak keur beuneur hedjo, 8. Katarandjang angin lada,Angin barat silantangan,Sumiriwing djeg karinding.Gugurna sada ngalindur, Gelapna sada korendang,Tarik tanding mimis bedil,Liang irung kikidungan,Liang tjeuli sondarian, 9. Rea lembur nu kalangkung,Lembur-lembur ting runggunuk,Imah-imahna djarangkung, Da sieun ku sato galak,Maung meong bagong badak,Sagara majakpak bodas,Katingal satungtung deuleu, Laut kidul matak waas. 10. Teu lami Raden djol sumping,Sumpingna ka mega malang,Sakeudeung Raden ngarandeg, Di luhur kota Randegan,Njawang bari larak-lirik,Ngetan ngidul reudjeung ngaler,Katembong Kalapa Nunggal,Ngawawangwang Bandjarpatroman. 11. Sumiripit di wiati,Ngawangwang di awang-awang,Rengking sagede papanting,Rentang sagede papatong,Sumerepet tanding walet,Sumeak tanding kadantja,Kadantja muru raratan,Kawas djogdjog moro mondok. 12. Kawas walik muru lamping,Muru pametinganana,Kawas tjiung muru gunung,Muru pangaubanana, Ngatjatjang di mega malang,Utjang angge mega koneng,Seueurna mega kaliwat,Salawe simpanganana. 13. Simpangan ti Kahijangan,Datang ka tundjang buna,Kana pongpok sarangenge,Tjunduk ka tjurugna galur,Sumpin ka bagalna bulan,Aki geleng Pangantjingan,Pangantjingan langit ping pitu, Neda widi rek Ngaruat, '''»SAGED MENAK ANU DANGDAN«''' 1. Menak Aria keur dangdan Saged tjangtjut tali wondo,Nu mendung lantjingan wulung,Nu njigi lantjingan pandji,Nu marong bandong kantjatna,Tali tjawet dibakutet,Riap sabuk tali datu,Sabuk palangi sahidji. 2. Lain ladang ngurup nukeur,Lain ladang babalantik,Ladang imut pipir lisung,Pangalungan indung-indung, Pamalangan tatambangan,Ladang imut patembongan,Susumping kembang djajanti,Tjettjet kamboja sutra. 3. Tilu suku djeung tjatutna,Sareal djeung naratajan,Satail tempuhanana,Tarolop gagang pangotna, Paranto njotjo nu bentol,Saranka sasarangatan,Gogodong ki djulang enom,Landean tjula bungalan. 4. Pamendak ronjong kantjana,Montjorong pendok emasna,Pondok emas beunang natah, Tatahan ganggong sapotong,Ukiran patra gumelas,Ti gigir di mata walik,Ti tukang dilatjah mentrang, Ti hareup dikuda njeungseung. 5. Dangdan Menak Nu raspati,Dangdan sakadangdan-dan­gdan,Surup payus kana tangtung,Semu geueuman pamulu,Sieup teureu ka pameunteu,Gandes pantes kana degdeg,Gandang tandang amis budi, Pertentang turunan ejang,Bismillah mimiti mudji,Ka Gusti Nu Maha Sutji,Abdi Gusti nu Maha SUtji, Abdi Gusti neda widi,Neda ma'ap rek ngaruat,Rawa Lakbok nu kiwari,Sedek rejem-rejem pantes, Sedek kaburu ku beurang,Pang radjah pamunah basa. '''»BANDJAR BAKAL BANDJIR«''' Numutkeun tjeuk udjaring Babad Lakbok, Ngudag latjak sadjarah Bandjatpatroman, Njuktjruk galur tjatur karuhun, kasauran sepuh kapungkur ,,,Bandjar teh bakal Bandjir" Tjenah, malah kunu aranom ajena nu parantos sami ngalaman djaman kiwari, Geus djadi katjapangan ,,,Bandjar Banjir" abong-abong aja paribasa ,,Wong tua gawe wiwitan sing enom darma ngelakoni" Hatina: Kolot nu ngamimitian, nu anom kantun nulujkeun." Tungtuna teh aja basa ,,Tuturut munding". Duka bener henteuna mah, naha enje ieu tah Bandjar bakal bandjir"? ,,,,,Bandjir ku naon?" ,,,Bandjir ku tjai atawa bamdjir ku getih?" ,,,Wallohu 'Alam Bissawab" tjenah tjeuk nu ngadjawab, "Tapi ku emutan sim kuring, kantenan sadayana oge p3antos sami uninga jen ELMU teh KANJAHO,ulah ngan sesemet nepika,,, Wallohu Alam Bissawab" Bae, da kedah nepi kana,, Alam Aenal Jakin Ulah kabar Jakin" margi ajeunamah Djaman,,, kajataan" ,,Kanjataan nu mana?" Kanjataan nu eta, anu njata, anu jakin, anu kaharti ku pikir, anu karampa ku rasa, Anu ka udag ku akal, anu karasa ku basa. Basa alam mikir sing nepi ka kaharti ka ukir ku pikir, basa Alam karampa sing nepi ka karasana kalawan njata, basa alam POK NGOMONG sing nepika BASANA, napi ka NGALAGENANA. Nintjak sing keuna kana hambalanana basa ing ninggang wirahmana, Ulah nete semplek nuntjak semplak, bisi urug teu puguh-puguh, ragrag teu karasa; urug mamawa euntjeh nu ragrag kababawa... Saolah-olah genteng-genteng ulah potong. Sabab naha enja jen Bandjar teh Bakal Bandjir?,,, Naha geus karasa, geus kaalaman atawa teu atjan?! TaaaaaaH,, Ajeuna mangga Urang bahas, Urang di Guar, Ulah Ngan wungkul wangwangan djeung ulang ngan Saukur kira-kira bae. Tjeuk anu nyebatkeun Bandjar Bakal Bandjir ku tjai, eta leres, da parantos sami ngalaman, dina tanggal 02 Djuli 1950, kaleresan kaping 16 bulan puasa 1349, taun Wau malem Ahad Manis, geus kadjadian Bandjar Bandjir nu panggede-gedena, tjeuk urang mah nu nembe ngalaman. Bandjir anu kahidji, anu geus kaalaman, ku sim kuring, kinten-kinten taun 1928, upami teu lepat, margi tjatetanana leungit. Teu sabara ageungna, mung saukur ruksak pasawahan palawidja djeung imah-imah nu aja dikampung Tjikadu, Kalapa Nunggal, Randegan, djeung Tjitapen. Namung Bandjir anu kadua kalina mah, nja eta nu geus kadjadian Kaping 2 Djuli 1950, anu kasebat tadi di luhur sim kuring oge nembe ngalaman. Kenging oge di sebatkeun bandjir anu panggede-gedena. Margi tjai di palebah Lapang Sudarsono djeung dipangadegan,, Luhurna kurang Leuwih 2 meter. Lebah Dieu urang, anu teu uninga bandjir di Bandjar, tiasa njawang, atanapi noong ku panon batin; Pisakumahaen temen djeung sabaraha anu korban, nu sami ngarandapan ruksak imahna, dibelaan ngadon njingkur di imah batur. Parabot Rumah tangga djeung ingon-ingon mah geus teu katjatur; hayam, Meri, soang, entog, Kuda, munding, sapi, embe, loba nu ngarodjaj ngajangkang di tjitanduj. Korban Manusa oge aja. Anu ngarandapan kitu teh nu katangen ti wangkid; Tjisaga, Tjigerendeng, Tjikulak, Parung Lesang, Parung Sari Bodobatu, KP, Pasar, Kp. Gudang, Tjikadu Kalapa Nunggal. Randegan djeung Tjitapen, nja eta lembur- lembur anu tjaket ka sisi tjitanduj. Ku kituna atuh surup djeung pantes kanu njebatkeun Bandjar Bandjir ku tjai, da kitu anu parantos kaalaman. '''»SAUR SEPUH KAPUNGKUR«''' Kadjadian-Kadjadian anu geus kaalaman ku urang teh, ngeunaan oge kana saur sepuh anu kieu tjenah,, Barudak engke didjaman ahir, dimana Gunung Babakan geus kawin djeung Gunung sangkur, Bandjar Bakal bandjir. Aja tjatur beunteur njeuseupan kembang kalapa, nyarusup na langari beukah, Handjat ngarendong dina sela-sela palapah kalapa. Nja Badjar djadi sagara. Sabadana Eta, Bandjar djadi nagara.. Sanggeusan Bandjar djadi nagara, Bandjar Bakal djadikatjapangan: BandjarPatroman_ Bandjar Aman. drbltwea2fn8brkxgx9lqbocrfy7mej